Senin, 26 Oktober 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Jadi Tumbal

Senin, 12 Oktober 2020

BURHAN. Hareneg. Bangun nu kagégéloan. Rumasa geus luluasan, kalangsu ngalajur napsu. Da moal aya nu ngabandingan Maya. Geulis sagalana. Pareng kabéjakeun pisah téh, puguh wé pada ngahelaran. Manéhna wungkul rumahuh. “Bapa hampura.., nya! Ning mah, masih panjang lalakon, bisi aya nanaon mah nelepon wé, ka Mang Dudung,” pokna. Bari nganteurkeun semet lawang beus. Nu dijajapkeun ukur ngarérét ku juru panonna nu beueus. Sanggeus beus ngageuleuyeung. “Jangan bergerak!” Burhan ngajenghok. Ditalikung...
Sanggeus ngajalankeun tugasna. Dudung samar polah, samar rasa. Saban peuting gulinggasahan. Kaduhung geus nyanggupan jadi tumbal. Diborogod ku jangji. Diwawadian. “Deuh! Bagja temen, mun seug kabiruyungan,” gerentesna. Rét ka nu ngagolér dina ranjang. Maké daster nyitak awakna nu sampulur. Isukna. Dudung jeung Maya besuk, bari pagégéyé.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR