Minggu, 1 November 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Langgeng Mikanyaah

Selasa, 25 Agustus 2020

"INDUNG mana nu luas nyaksian anakna cilaka?" Gumerendeng. Nu jadi indung. Teuteupna euntreup di jauhna. Leungeun katuhuna, pageuh nyepeng pigeulang. Nu kénca, antaré ngusapan sirah. Karasa. Deudeuhna sumelendep. Rus-ras. Mangpirang karumasa. Enya. Rumasa, mindeng mopohokeun kanyaahna. Rumasa, mindeng mungpang papatahna. Rumasa, mindeng ngabedahkeun cimatana. "Kudu kumaha deui aing ngawarah sia téh, hah? Bet taya euih-euihna pisan sia mah! Sing karunya ka indung sia. Kagegeringan, deuleu, mikiran sia!" Nu jadi bapa. Ngawakwak di patengahan. Rét ka nu keur ngusapan. Gurat-gurat kapeurih, patingkelemeng dina beungeutna. Nu baheula reunceum dina awakna, béak dipaokan. Diawur-awur di pangaduan. "Sia mah dikasaran, ngalawan. Dibageuran, modolan. Piraku kudu dipodaran mah ku aing?" Nyel. Keuheul. Asa diunghak. Saumur-umur di pangaduan, can aya nu wani campelak. "Sia mah jadi bapa gé pédah wé ngawin indung aing," ceuk haté. Héhéaban. Sajungjungeun nangtung, "méméh silih paéhan, paéhan heula Ema!" Sor. Balati nu tadi murag tina keupeulan. "Ema embung, nyaksian kanyaah silihpaéhan."*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR