Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Rék Ka Sawarga

Rabu, 8 April 2020

PEUTING ngareuy ka janari, antaré. Hawa, metakeun rosana ku tiis nu nyelecep. Mocélan haté, nu gudawang. Manéhna ngungkug, teu nolih kénca katuhu. Haseup, ngelun tina bahamna, biwirna kaciri geunteul. Léngkah beuki kebat. Ninggalkeun keueung nu dibeuweung, inggis nu digebris. Rék kamana? Ka hiji tempat. Kamar nu peteng, sarua nyecepna. Matak muringkak. Di jerona, aya mangpirang tempat tidur dorong. Eusina dipapay, dibukaan hiji-hiji. Beungeut-beungeut nu sepa, getih garing sakujur awak, tapak-tapak tatu. Bréh, beungeut budakna. Aya paroman nu keur imut, teu singna pias, taya tatu, éstu beresih. Budakna, nu tadi isuk-isuk jadi korban tabrak lari. Manéhna cumalimba. Teu wasa nebus. Geus tigin, rék nékad. Tuluy budak téh ditanggeuy, dibawa, teuing kamana. Ngadigdig, bari rambisak. Tonggoy. Teuing kamana. Boa, ka langit, ka Sawarga.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR