Jumat, 30 Oktober 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Nyungsi Udagan

Sabtu, 15 Agustus 2020

TEU karasa. Geus puluhna ganti kalénder. Saban hujan ngalalangsé. Saban poyan ngaléléwé. Teu weléh dipaké nyarungsum haté. Tapi, aya nu ahéng. Najan angger wanci téh kawas kamari. Poé ieu. Basa jongjon sisingkab. Bray uing. Satukangeun lalangsé antaraning léléwa-léléwa. Manéhna. Hideng. Mukaan mangpuluh kalénder pibungkuseun kacang. Nu tina saban taunna, rapluk, uing! Maranéhna tutunjuk. Ka lebah jalan nu teu kungsi kalalar. Cenah. Jalan tanpa tungtung. Uing. Rungah-ringeuh. Wuwuh liwung ku sora-sora kalbu, "Jalan ka dieu! Jalan ka dieu!" tingceuleuweung. Beuki tarik nyoarana. Beuki tarik ditungkupna. Mangprung ninggalkeun uing. Manéhna. Ngaberung. Tuluy! Nyuruwuk meuraykeun waktu. Nangtang tangtungan. Dina papastén nu geus leuseuh. Bari nyeupah papatah. Meuweung pituduh. Ukur tingkalecrot luludah ciduh.
Anjog di hiji menit...
"Kamari...?" Sakecap gerendengna. Hujan tiba ngalalangsé deui. Sumawonna poé. Keukeuh, ngaléléwé. Poé ieu. Manéhna ngarandeg deui. Neuteup uing anteng neukteukan kalénder. Keur solobong. Demi saseuseup impian. Geusan nyerebungkeun tineung. Bari keukeuh. Miharep énjing teu tumuluy jadi kamari...*

Remi Purnama Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR