Jumat, 18 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Pajaratan

Kamis, 21 Mei 2020

GEUS girimis deui baé. Bareng jeung kalakay nu maruragan, tutunggul ting pucunghul. Lir supa nu kaluar tina jero taneuh. Do’a riab ngarapung ka langit ping pitu. Pahibut, paheula-heula, papada hayang ditarima. “Kula nu nangtukeun saha nu ditarima saha nu henteu!,” ceuk hiji sora tanpa jirim, jauh nyidem di dasar haté. Girimis terus ngeprul. Panonpoé moncorong. Haté nu simpé ukur dibaturan riabna tangkal jambé.

Di alun-alun, barudak uleng nandéan cihujan ku batok bolong. Sawaréh teu sabar, ngadon ngarasula. “Pamohalan batok téh pinuh. Da puguh kohok,” ceuk maranéhna. Bari lung, ngalungkeun batok ka lebah walungan nu caina saat, batu-batuna – nu baheula pabalatak – geus ganti wujud jadi kantong kéréseék. Hideung,beureum, héjo, hangseur...

“Hirup ukur nepi ka dieu,” ceuk nu gundam. Layon digolérkeun di jero lombang nu heureut. Girimis terus ngeprul. Nu tadi ngabrul geus marulang. Tinggal manéhna. Nyorangan.*

Maman Gantra - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR