Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Panto

Selasa, 7 April 2020

PANTO. Antukna mah disanghareupan. Nganti uluk jeung kulutrak. Atawa salambar iber nu ngadon nyelap. Meulahkeun awak. Écag. Ti panto ka panto. Nu saban gemblangna geus ngajarkeun kumaha carana nyambat. Atawa rekét nu mingkin hatam ngucapkeun pileuleuyan.

“Cengkat! Pilampah! Téang!” Seukseuk eunteung panto lomari. Barang dilieuk, kasampak inyana keur muncereng. Teuing dina rupa nu ka sabaraha.

“Ngeunah jadi eunteung. Kari pok. Nu hésé mah nya nu nyorang!” Nyangangang.

“Nyorang naon? Cumah! Kadar gawé janteng hareupeun kami,” Eunteung malieuskeun beungeutna.

Blak! Teu antaparah, panto lomari rujad. Laju dijéwang. Dibawa lumpat. Sataker kebek. Meubeutkeun panto hareup, neumbrag pager buruan, ngajlengan portal, sirah hansip nu keur nundutan. Laju lunta. Lunta ngajingjing panto lomari jeung eunteungna. Nepi kiwari. Saban ngaca aya rasa. Rasa nu teu weléh pandeuri. Sabab mangsa: horéng teu reureuh mulut isuk jadi mangpirang-pirang kamari.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR