Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Porosot Gog

Rabu, 17 Juni 2020

NGUSIR karungsing, nyieuhkeun bangbaluh pikir. Ngadon nguseup di walungan landeuheun lembur. Indit bada lohor. Gék wé diuk na batu démprak sisi leuwi. Paranti nguseup sasari. Sorangan. Panas poé éréng-éréngan téh karasa jempling. Diuk kaiuhan tatangkalan. Kahiliwiran angin leutik. Emh, ni’mat kacida. Euweuh nu nyisikudi. Tiis ceuli hérang mata téh lain saukur babasan.

Sanajan mangjam-jam euweuh nu nyanggut, teu ieuh ngarasula. Barina gé lain hayang-hayang teuing lauk, nguseup téh istuning hayang niiskeun pikir. Miceun karungsing, pamajikan duanana ngerewih ménta keur nutupan pangabutuh.

Geus rék ngagayuh ka asar, bet beuteung karasa ngusial. Tayohna nu diasupkeun basa sasarap téh ménta bijil. Kabeneran di sisi leuwi handapeun rungkun aya batu gedé. Genaheun keur panagogan ngising mah. Ongkoh deui buni. Porosot gog wé nagog. Teu pati capé teuing bebeten da geus sakitu mangsreng hayang merejel. Teu kuhanteu, keur ngeunah-ngeunah ngaluarkeun kokojona nu panjang peungkeur, bet bujur digembrong laleur. Pakupis ogé leungeun nepakan laleur. Ngan édas…lain laleur nu katepak, ngadon kokojona nu katapuk.

Deuh, ramiping pisan atuh ramo téh. Geuleuh kacida, teu antaparah deui, diképéskeun sataker kebek. Beletak! Anjir! Meneran pisan kana batu panagogan. Berebey getih tina sela-sela kuku. Duh! Réflék ramo nu ramiping getihan téh dilamot. Hadeuh, kalamot jeung etanana…*

Ki Suta - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR