Rabu, 28 Oktober 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Réngkak

Senin, 12 Februari 2018

“GEUS tong dipikiran, lain rejekina. Nyarék sotéh bawaning ku nyaah. Teu srek Ema mah ka jelema éta téh!” Anteng ngalemar. Teu nolih ka nu sahing-hingeun ceurik.
“Jung geura ka sanggar, geus ditarungguan!” Apa mairan.
Nyampak, barudak hémpak. Saged. Cetrék. Radio-tape disetél. Lagu Rumiang, mirig tari Anjasmara.
Rungsing. Baruruten. Kuduna uing nu miang! Lain Si Atih! Dasar sisit kadal!
Nagari Gajah Putih ngolébat dina kongkolak panon. Jeprét. Radio-tape dipareuman. Molohok. Latihan lekasan.
Dua bulan kaliwat. Amprok jeung Manéhna, di Taman budaya.
“Tari topéngna saé. Kataji! Hoyong ngawanohkeun tarian Sunda ka mancanagara. Ieu kartu nami abdi!” Pokna daréhdéh. Diilo. Rahadian. EO pertunjukkan. Rajungan 27, Jakarta timur. Beuki wanoh. Paheut. Ngajak pinton di Thailand. Dikontrak dua taun.
“Tah, baca!” Song Apa masihkeun majalah. Bréh. Jenghok! Deudeuh teuing, Atih!
Hawar-hawar kapireng, laeuna alok Mang Samin. Daun Pulus Késér Bojong, reureundahan.
Gura-giru, muru. Panceg. Napak! Réngkak uing, maneuh. Ngalemah. Di banjar karang pamidangan.*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR