Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Rindiani

Sabtu, 6 Juni 2020

PALATARAN kampus. Manéhna nu teu weléh jadi puseur teuteupan ti dua taun nu kalarung. Buukna, panonna, léngkahna nu sok dibarengan ku eundeuk dadana. Éstu lir kareueutna peueut keur tiap panon jeung tiap haté lalaki nu ngarti kana hakékatna rasa.
"Hanjakal, Lur. Manéhna can sakali ogé mukakeun lawang. Padahal manglaksa kecap pernah dipaké ngetrokan haténa." Nu ngariung pada unggeuk.
Da jeung enyana. Dua taun téh, tiap detikna siga puncer gunung. Malah siga tempat nu pangjauhna tina matapoé; tiis, satiis-tiisna.
Pernah éta ogé, ngungkarakeun kecapning kecap hareupeun sakabéhna. Tapi lain tumanya atawa ngajak nyaritakeun kahirupan samistina. Nu kedal ukur galindeng nu ngawirahmakeun kapeurih nu nyeuit kacida.
Hiji mangsa mah pernah kateuteup aya cimata nu dibarengan ku inghakna. Teuing kunaon, da weléh, manéhna ngawujud jadi simpé pangjemplingna.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR