Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Rusiah

Selasa, 7 Juli 2020

LUHUREUN sajadah. Manéhna. Hayang sumerah ngaleupaskeun rusiah nu salawasna ngaheumpik. Lana jadi panamplokan jeung pangringkeban guligah balaréa. Karék rék cengkat. Panto ngulutrak deui. Kapaksa mageuhan pangsilaan. Teu tata pasini. Sémah awéwé balaka. “Ajengan, abdi teu kiat ngemu ieu rusiah. Rumaos tos ngaracun bapa téré, bongan nyiksa waé Ema...” Ukur unggeuk. Ramona. Tonggoy ngucel tasbé. Milang rusiah nu teuing pikeun kasabarahakalina.

“Ajengan, abdi nyéléwér...” Sora cikénéh. “Ajengan, naon hukumna ngarampog demi mayar operasi pamajikan?” Sora kamari. “Ajengan, uing katerap aids...” Sora mangkukna. “Ajengan, déwék aral hayang ngagantung manéh...” Sora minggu tukang. “Ajengan, aing hayang tepung jeung Pangéran...” Sora bulan tukang. Katut sora-sora séjénna. Ngahurup beurang-peuting. Leungeunna. Tipepereket ngaranggeum Kur’an.

Luhureun sajadah. Nyegruk. Tapi kapireng nu uluk salam. Ratug. “Pangersa...” Gesat-gesut. Nyusutan cimata. Rét. Ka tukang. Santriwati ngajajar arémok. “Nyanggakeun kapalay...” Salasaurang ngasongkeun buntelan. Bréh. Orok beureum. Rét deui. Ka nu arémok. Bet sarimbag jeung layon-layon nu kungsi ku manéhna dirangsadan jilbabna.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR