Minggu, 1 November 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Sada Kasimpé

Sabtu, 7 Maret 2020

SACURNA kamari. Duka ti leuweung mana, muray sajodo ngadon bumetah na tangkal jambu. Teu ieuh diganggu, purah galécok ngahudangkeun saban subuh. Anggur barudak laweun nu sok leukeun disieuhkeun. Mun kabeneran ngulampreng, mamawa katepél bari tatanggahan néangan sora.

Kadieunakeun pipireun imah beuki haneuteun. Treup cangkurileung, disusul ku toéd, kanari, kérak jeung mangpuluh rupa manuk séjén nu teu apal ngaranna. Sajodo-sajodo. Ngakutan jarami, séwang-séwang nyieun sayang na unggal régang. Matak tingtrim dédéngéan. Ti dahan ka dahan. Saniskara sora jadi wirahma, récét mileupas saban peleték, mulang deui mun wanci narik ka magrib.

Mangkat dadangrat, céréwéd toéd dumadak combrék. Suit kanari, cangkurileung, kérak, teuing ka mana geleberna. Rérécét sora narungtut ilang. Pipir imah mulang geueuman.

Kiwari, kari angin pating gilisik jeung dangdaunan, paseselang jeung hiji sora nu terus ngelak, bangun kanyenyerian.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR