Rabu, 27 Oktober 2021
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sajatining Asih

Minggu, 11 Oktober 2020

LÉNGKAH antaré mapay taman nu satungtung deuleu kekembangan. Anjog ka saung di tengah patamanan. Plato, Maharesi, keur pepeta. “Kabeneran ka dieu.” Pokna. “Leumpang sing lempeng wé, Aris! Ké mun di jalan manggih kembang pangéndahna jeung pangseungitna, karék petik. Ngan inget, ulah ngalieuk ka tukang!” Aristotélés nangtung deui. Bari rada ngahégak, inyana leumpang nguriling patamanan nu éndah. Anjog ka ponclot. Aristotélés pareng panggih jeung wanoja geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Istri nu muji asih, muja sagara katrésna. Ngabaktikeun hirupna keur deudeuh jeung geugeut. Ratu Mesir nu taya duana. Cléopatra. Tapi Aristotélés ukur ngarérét. Teu maliré. “Lain nu kieu nu ku uing ditéangan mah.” Gerendengna. Rikat ngalieuk ka kénca basa Plato noél. “Mana kembang téh? Cenah. Aristotélés gogodeg. “Tadi aya, Sang Resi. Tapi uing ngahaja teu metik. Angkanan, beuki luhur bakal loba piliheun. Nu leuwih sagalana. Nyatana teu cukup ku Cléopatra. Hanjakal uing teu bisa mundur ka tukang…”*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR