Kamis, 26 November 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Setasion

Senin, 8 Juni 2020

LAWAS temen manéhna nganti. Luhur bangku beton tempat saniskara panunggon. Di setasion pangreureuhan renung jeung mugurna lalakon. Balok jeung erél manjang. Lir implengan jeung kakangenna nu kebat biheung ka mana. Meuntasan mangpirang sasak waja. Torowongan panjang. Halteu pasangrahan. Sarta kapeurih nu langgeng gudawang. “Mah, iraha Bapa uihna?” Anakna satia gigireun. “Sakeudeung deui. Kapan jangji lebaran ayeuna, Mamah, Ujang, jeung Si bungsu bakal dikirim baju weuteuh téa...” Teuteupna kosong. Teu kalis ngéyong-ngéyong aisan. Sinyar hurung ti kajauhan. Hatongna ngaweuhan. Reg. Karéta hareupeun. Manéhna tibuburanjat. Nyuay-nyuaykeun sakabéhna. Lunga-lengo. Saban gerbong. Taya nu kalarung ti tungtung ka tungtung. Laju ngaliarkeun paneuteup ka saban tangtungan. Suwung. Karéta lunta. Kitu jeung kitu. Sanggeus harepanna ngeprul bareng jeung kekebul. Gék deui. Rumahuh. Deui-deui panonna juuh. “Bapa Ujang bakal datang...” Dareuda. “Saur Nini gé, Bapa mah moal uih...” Anakna nginghak. Kusiwel. Neuteup potrét bapa jeung adina dina jilid yasin. Rét. Kana aisan. Aya bonéka teu kalis diéyong.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR