Minggu, 20 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Sugan Jaga

Selasa, 9 Juni 2020

URANG teundeun saayeunaeun mah. Tong dina handeuleum sieum. Geueuman. Matak keueung. Kitu deui ulah dina hanjuang siang. Matak éra parada. Negrak. Ngabuliklak katénjo orat.
"Di mana atuh?"
"Di nu merenah. Handapeun kiara Ki Ara."
"Sarua baé. Cenah sanget. Loba jurig nyiliwuri padumukan dedemit jeung werejit."
Keur hidep nu tacan surti, sanget jadi pamager. Nu dipamrih cai caining kahirupan kudu angger ngamalir. Paneundeunan titinggal karuhun. Padaringan alam. Jimat kawedukan nu ngajadikeun urat kawat tulang beusi, pait dagingna.
Kamari tinggal impian. Kiwari jadi pamatri. Poé isuk pangharepan. Moal laas ku robahna jaman, lamun nu dipelak tangkal kai manan. Tohaga. Batan rungkad kalah ngarandakah. Iuh-iuh nu kapanasan mangsa halodo entak-entakan.
Bral! Papag hujan munggaran ku ngabebenah pabinihan. Meungpeung aya kolényay nu nyaangan, najan ukur cicika liwat sakolébatan.
Henteu gareuwah jeung moal tugenah. Wirid geus ditepikeun. Pisah muru jugjugan séwang-séwangan. Nu kolot ka paimbaran, nonoman ka pakalangan.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR