Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Suminar

Senin, 6 April 2020

DIKALANG purnama. Dina sasamar damar. Suminar. Sapasang liliuh soca. Lalancip réma. Gelung Sripanggung ngaliwung aamis cau. Katut kabaya ngalampat keureut pinareup. Sosodéran. Ngarampayak. Jeung angin basisir nu muragkeun baralak demi baralak. Marengan gamelan nu ngaringkangkeun lagu Rayak-rayak. Ti dinya salaksa mata bajidor tingburingas. Muru kelét jeung rindatna. Laju girimis duit ngeprul ti langit birahi. “Teu bosen kitu ka Ceuceu? Ujang téh ngora kénéh...” Sora nu angger haroshos. Saban peuting nu kasaba rungrumna. Teu némbal. Ieu biwir kalah jarambah. Netel dina napasna. Teuing pikeun nu ka sabaraha kali. Karémbongna meulit dina punduk. Teuing pikeun nu ka sabaraha rintakan. Ragana dibawa nyalingker. “Isukan, Ceuceu sarombongan rék pindah ka lembur séjén...” Nu kedal pamungkas. Basa peuting dirangsadan hégak duaan. Kiwari sakabéhna lawas muguran. Suminar miang. Tapi raga angger nangtung di dieu. Di sisi basisir nu ngajengkarkeun rombonganna. Ngangkleung luhur parahu. Teuing tujul ka mana. Nongtoréng kénéh sora Mang Darma, “Jang, Suminar téh indung manéh.”*

Ari Andriansyah - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR