Rabu, 27 Oktober 2021
Sastra & Humor
Fikmin

Tinemu Bagja

Senin, 28 September 2020

HUJAN lir dicicikeun ti langit. Nyurulung tina panyawéran. Sawaréh ngeclak. Sawaréh deui muncrat, ngajadi iris. Panineungan milu bahé. Jandéla ngadadak burem. Nu baseuh téh horéng lain kaca jandéla. Tel, tisu. Ngadudut deui tina wadahna. Sut, mendet nu séséléké mapayan cukang irung.
“Yeuh, Geulis pék tengetan. Sapalih diantawis kawih urang duaan, mung hiji nu teu tiasa dijantenkeun rumpaka nyaéta kecap timburu. Waditra nu teu tiasa ngabeungkeut rasa ngajadi hiji.” Longkéwang minuhan lalangit kamar. Rasa nu nogéncang henteu weléh kumapalang.
“Leres, étangan mung kantun hiji. Nanging pelak mana nu bakal tumuwuh?”
Seja malidkeun peuting ku jempling. Batin tetep galécok awor jeung sora walungan nu ngaguruh dina ciptaan, “Samagaha sanés mung ukur dina pikir, Engkang.”
Ayeuna éta rasa burakrakan. Teu nolih kahoncéwang.
”Hayyaallah fallah...!”ngalanglaung ngajak bagja. Pinuh ku ungkara nu ngabetahkeun rasa rumasa. Diri nu laip meuntaskeun sukma. Tinemu bagja.*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR