Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Titimangsa

Kamis, 11 Juni 2020

WARMA. Ukur ngarahuh di lawang enggon. Nganti tujulna saniskara harepan nu keur diweredon lalakon. Lalaunan. Lalangsé disingraykeun. Bréh. Warni. Bungsuna. Keur direjengan paraji. Saha nu ngareuneuhan sia téh? Gerendengna. Rét. Gigireun. Pamajikanna. Lawas teu walakaya dina samak pandan. Rét deui. Luareun jandéla. Taya iber. Indung peuting kalah ngaboéhrarang. Kana raga Karma. Cikalna. Tina kaceuceub jeung supata balaréa.
Isarah nu karampa. Saukur seuseukeut angin. Nyulusup kana sesela palupuh katut karancang bilik. “Hampura, kami teu bisa nyalametkeun anak jeung incu nyanéh...” Paraji. Dareuda. Warma. Tipepereket ngaranggeum leungeun teu walakaya. Kulutrak. Panto hareup muka. Pulisi jeung Kuwu. Dituturkeun sababaraha urang jalma. “Karma padangaduruk ku urang Pasirgeni...” Nu diranggeum. Teu usik. Teu malik.
Luhur totoang nu misahkeun harepanna jeung astana lembur. Opat layon patutur-tutur. Warma. Jumarigjeug. Padanyangkéh. Ménta kandeg sakedapan. Rét. Kana ngemplangna pasawahan tutas dianglér. Ngalangkang welasan taun kalarung. Warni diakod ku manéhna. Dituturkeun Karma jeung pamajikanna. Angin terus ngahiur. Awakna ngadadak ngarumpuyuk.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR