Minggu, 1 November 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Tresna

Rabu, 2 September 2020

“NYA rék ngadagoan naon deui atuh, Tétéh? Sing inget kana umur…,” Apa sasauran. Leuleuy, tapi karasa ngageduk kana angen. Meni hayang muntangan kana umur ngarah ulah nambahan. “Geus lah, nu ieu mah moal misleuk. Santri, jaba léngoh deuih!” Apa, tandes. Teu méré lolongkrang. Nepi ka waktuna ditepungkeun. Gusti…! Paralun sanés ngahinakeun. Pendék, hideung, busekel jaba huntuna semu ngohngor.
Sabulan, dua bulan. Rumah tangga henteu jejem. Teu weléh dus-dis, ngabudian. Si akang bangun nu ngarumasakeun. Ngéléhan, tara ieuh garah-geureuh. Malah daék ngawulaan ka pamajikan. Duka tina karunya, duka kangaranan haté awéwé. Laun-laun aya nu tingpelentis dina haté. Ngan ké heula anan lamun kudu ditémbongkeun.
Nganjang ka imah mitoha. Usum macul, si akang ngabantuan. Mitoha nitah nganteuran. Leumpang jéjérégéd dina galengan. Galéong…kep! Awak nyangsaya dina dada sembada nu lamokot ku kesang. Ngalieuk, bréh…beungeut peueul dipapaés ku nu tingborélak ngagarajag. Ser, awak karasa tingsariak. “Duh, Engkang. I love you…”*

Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR