Rabu, 27 Oktober 2021
Sastra & Humor
Fikmin

Weléh

Sabtu, 3 Oktober 2020

GEUS ampir saminggu. Kalangkang nu hideung. Leuwih hideung tina pulas peuting. Sok datang meneran poé cicing dina mangsa nu paling jempling.
"Ahir bulan manéh rék disampeur ku kuring. Urang balik mapay-mapay lulurung. Lalampahan nu bakal manjang."
Diitung, ditingali. Poé ieu pisan waktuna. Bet keueung. Neuteup pamajikan jeung barudak nu keur talibra. Lewang lir ragrag kana jungkrang.
Nengah peuting. Hawa tiisna karasa béda. Aya cimata nu teu katahan. Rét kana lawang. Ngadago-dago kalangkang nu panghideungna téa.
"Ayeuna waktuna," ceuk hiji sora. Peureum. "Abdi kedah ngabantun naon? Mun mangsa lalampahan manjang pisan, tangtos kedah seueur bebekelan." Luak-lieuk néang bawaeun.
"Nu geus kapimilik ku manéh, bawa kabehanana!" Handaruan. Nambah kakeukeung. Dilieuk, weléh euweuh nanaon. Tiis. Tiis kacida.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR