Kalangkang Méga
TEU weléh nyangked na rerembet haténa. Nineung ku ogona. Teu geulis cenah, ngan manis. Kaduhung ngayonan curhatna. Saung ranggon jadi saksina. Basa rumenghik nyangsaya dina lahunan. Biwir beureum saulas, nampeu... kaduhung....aéh, na siga euweuh deui awéwé! Duh.Tapi naha atuh, bet kumalangkang bae? Haté Mamad norowéwco. Ngagolédag dina palupuh saung. Ngahérang. Rét kana rantang urut panganteuran Mimin basa mangkukna. Jung nangtung. Paneuteupna eunteup lebah suhunan nu dipitineung. Peuntaseun sawah nu sumedeng konéng, pucukna pating arulang siga nu ngagupayan. Bréh. Basa nungtun Mimin mapay-mpay galengan. Mamat peureum. Teu nolih cipanon nu ngagarajag maseuhan baju batikna. Bréh. Lalaki bedegul tengah tuwuh. Biwir jeding. Mamat meureupkeun leungeunna. Tipepereket. “Jang Mamad...!” ceuk hiji sora. Rét. Bi Ijah ngajingjing idangan. Diteundeun dina ambén. “Jang, saur Si Enéng diantos!” ceuk Bi Ijah, bari ngaléos. Mapay galengan. Mamat teu lemék. Laju tanggah neuteup langit paul. Méga bodas paudag-udag. Hawar-hawar sora degung ngagilisir kana ceulina. Nurih hulu angenna.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com