Kamis, 2 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Nu Hayang Dilebok Maung

Selasa, 25 April 2023

”BUDAK beuki roay. Ku mitoha dibaudan. Ngumbara téh euweuh mundingna!” Mas Sastro humandeuar. Nyarandé lungsé na balé-balé. Teuing ngomong ka saha. Melong kosong kawas nu pondok pangharepan.

Geus méh sataun Mas Sastro nganggur. Dipéhaka ku pabrik béha. Ayeuna unggal poé huleng jentul.

Panonpoé nyorosod ngulon. Mas Sastro teu incah. Geus tujuh jongjonan karék katangén ngulisik. Kudak kodok kana kolor. Koréhél téh silét lipet. “Munding modar timanan hirup kie mah.” Rada agag-agagan basa rék nurih urat nadina. “Ih, perih gening. Lara tenan. Pada baé, ari gantung diri, engap,” ceuk haténa. ”Ambéh paéh rada pénak, teu perih tuing, munding ka leweng ménta dilebok maung!”

Gejlig indit. Kawas nu boga tanaga anyar Mas Sastro téh. Boga angkeuhan mun dilebok maung bisa paéh rada genah. Anjog ka sisi leuweung langsung dibagéakeun sora handeueuman. Gaur lodaya keur anakan. Hauuung…!

Mas Sastro ngabirigidig. Murengked rék marabkeun awak téh. “Yéy, maung téh teu kaop banyol.” Berebet lumpat!*

Ki Suta - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya