Nganyam Bagja
WANCI carangcang tihang. Gesat-gesut dangdan. Sahinasna. Ceg sisir. Sewuk buuk panjang ngarumbay disisiran. Kuriwek dibeungkeut. Lédak-lédak pipina dipulas wedak, ipis. Dangdak-déngdék. Geus ah, cukup! Asal ulah jiga bebegig teuing! Gerentesna.
“Ambu, sapédahna tos di payun. Tong hilap pesenan Enin, seureuh Garut!” Cikalna nyampeurkeun.
“Heug. Nyai, kopi tinggal ninyuh. Kompor pareuman, gentong eusian!” Di pipir salakina jeung nu bungsu. Ngajémprak nganggeuskeun pesenan suling. Iangkeuneun pagéto. Ka kantorna Guru Harno. Tamiang dipolongoan, laju disurupkeun.
“Ambu. Saur Abah; pami tos nampi artos. Ujang badé diajak ka Pasar Malem. Naék korsél. Asik...!” Ukur mésem. Reueus.
Clak. Sapédah diboséh. Angin isuk rintih ngahiliwir. Lebah parapatan. Murengked. Ngabedega. Dedegan nu maneuh nyebitan haté. Embung! Embung teuing direwég ajag lapar bungkeuleukan! Bohak ngaborok méh humapur. Léok ka katuhu. Labas ka peuntas. Ngabéngbéos. Notorékeun manéh. Hayang anteng balayar, nganyam bagja. Ngangkleung ngawelah rakit. Muru sukulangit.*
Nena Cunara - kisuta.com