Teater Sunda Kiwari Mampuh Nebarkeun “Virus” Drama Basa Sunda
TÉATER Sunda Kiwari (TSK) téh grup téater nu kawilang moyan jeung kakoncara. Luyu jeung ngaranna, leuwihna ti grup téater séjén, pengkuh mertahankeun media basa garapanana; maké basa Sunda. Lain téater tradisional, tapi téater nu modéren nu geus kapangaruhan ku téater Barat, boh manajeménna boh garapanana.
Ngadegna TSK leutik-gedéna dipangaruhan ku kondisi dunya drama di Bandung taun 70-an. Harita di Bandung keur meuweuh garapan-garapan drama réalismeu Barat gaya Stanilavski-an jeung Chékov-an. Harita téh jaman nanjungna Studiklub Téater Bandung (STB, dikokojoan ku Suyatna Anirun), Téater Braga (Udin Lubis), jeung Téater 23761 (Rémy Silado). Kabéh ngagarap drama dina basa Indonésia.
Drama basa Sunda (modéren) mah, harita téh teu aya. Nu aya téh sandiwara Sunda, longsér, jeung drama-drama tradisional séjénna. Dadi nu kungsi nyuprih élmu di ASTI (ayeuna STSI) Bandung kageuing pikeun nyieun grup drama dina basa Sunda, najan kiblatna mah tetep ka Barat (Stanilavski). Dadi hayang méré warna séjén kana dunya téater di Bandung sakalian hayang nancebkeun éksisténsi basa Sunda dina panggung drama modéren.
Tanggal 16 Januari 1975, TSK ngadeg. Nu marajianana di antarana R. Dadi P. Danusubrata, R. Hidayat Suryalaga, Moel Mgé, jeung Ating Hanafi. Ngadegna TSK di lelewek Cikawao, Kota Bandung. Dadi harita keur jadi Pupuhu Karang Taruna. TSK awalna grup drama agustusan, pamaénna pamuda Karang Taruna wungkul.
TSK satuluyna mekar jadi grup téater nu hasil mincut generasi ngora teuleum dina dunya drama basa Sunda. TSK jadi tempat nyuprih élmu generasi ngora nu gedé katineungna kana drama basa Sunda. TSK ogé nu marajian ayana pasanggiri drama basa Sunda jeung pasanggiri ngarang naskah drama basa Sunda.
Taun 2008 TSK dilélér panghargaan ti Musium Rékor Indonésia (MURI); TSK kalayan mayeng dua taun sakali ti taun 1990 ngayakeun féstival drama. Di nagara urang grup téater nu bisa kitu teh ukur TSK. Éta sababna asup kana MURI. TSK ogé kungsi meunang hadiah Rancagé jeung Anugerah Budaya Jawa Barat.
TSK lain waé grup téater nu tetep nanjeur, tapi ogé geus bisa nebarkeun "virus" drama basa Sunda. Grup téater nu aya di masarakat, kampus, sakola geus teu ngarasa géngsi magelarkeun drama dina basa Sunda. Mun dipatalikeun jeung tarékah miara jeung mekarkeun basa Sunda, ketak TSK teh geus karasa pisan.(NS Priyatna-kisuta.com)***


