Kabayan Ngalanglang Jaman (1)
KOCAP KACARITAKEUN…
Kabayan, nu geus nyangking gelar profésor --jadi Profésor Kabayan— geus hasil nyiptakeun mesin waktu. Ku mesin waktuna éta, manéhna bisa ngalanglang jaman tepi ka bisa hirup di abad mana baé. Boh di abad tukang, boh di abad nu baris kasorang.
Teu matak hélok mun seug Prof. Kabayan bisa panggih jeung Sangkuriang, nu keur kapicangcam kapigandrung ku Nyi Dayang Sumbi. Dianteur ku Prof. Kabayan kana mesin waktuna, ahirna Sangkuriang nénéangan Nyi Dayang Sumbi ka sawatara jaman, ka sababaraha tempat.
Jog anjog ka Batavia di jaman Kumpeni (abad ka-18). Di ieu jaman, Administrateur Tanah Meneer Willem nu katelah Tuan Kawasa kacaritakeun boga nyai-nyai (pamajikan piaraan) nu ngaranna Nyai Dasimah. Tuan Kawasa ngarasa dihianat ku Nyai Dasimah, pédah Nyai Dasimah geus laku sérong jeung Sami’un, kusir délman nu sok nganganteur manéhna ka pasar. Tuan Kawasa salah sangka, disangkana Sangkuriang téh Sami’un nu geus ngahéroan pamajikanana téa. Tepi ka ahirna, Sangkuriang kudu adu tarung jeung Bang Puasa, jawara Kwitang séwaan Tuan Kawasa.
Dina taun 2750 Maséhi, Prof. Kabayan jeung Sangkuriang kasasar di hiji leuweung geledegan. Di éta leuweung aya dano, nu baheulana mangrupa hiji kota nu kawilang maju. Éta téh Kota Bandung, nu geus tilem lantaran aya musibat La Nina ratusan taun ka tukang, sarta ayeuna geus robah deui jadi dano, sakumaha asalna waktu Sangkuriang ngabendung dano rébuan taun ka tukang. Di dieu pisan Sangkuriang bisa panggih deui jeung panutan haténa anu ogé indung tegesna… Dayang Sumbi!
NU NGALALAKON
SUTRADARA
PROF. KABAYAN
NYI ITEUNG, pamajikan Kabayan
SANGKURIANG
NYI DAYANG SUMBI, panutan nu ogé indung tegesna Sangkuriang
GULANG-GULANG I, panakawan Sangkuriang
GULANG-GULANG II, panakawan Sangkuriang
TUAN KAWASA (MENEER WILLEM), administrateur tanah di Batavia abad ka-18
NYAI DASIMAH, pamajikan piaraan (nyai-nyai) Tuan Kawasa
CINOT, emban Nyai Dasimah
CENTÉNG, badéga kulawarga Nyai Dasimah-Tuan Kawasa
MPO’ HAYATI, pamajikan Sami’un anu maén sérong jeung Nyai Dasimah
BANG PUASA, jawara séwaan Tuan Kawasa
ANGGOTA PAGURON SILAT "BOEAJA DARAT", anak buah Bang Puasa
PARA KUMPENI, pasukan pangawal Tuan Kawasa
HIJI
TANAH SUNDA, JAMAN AYEUNA.
PROF. KABAYAN KEUR NGARÉNGSÉKEUN HASIL GAWÉNA DI PAKARANGAN IMAHNA NU KAWILANG SEDENG.
HASIL CIPTAANANA TÉH, NU SAÉSTUNA MANGRUPA MESIN WAKTU, GEUS BISA DIANGGAP RÉNGSÉ DIPIGAWÉ, NGAN SABABARAHA PERSÉN BAÉ PIKEUN NYAMPURNAKEUNANA.
GEUS KITU JUNG PROF. KABAYAN NANGTUNG, NGALÉNGKAH KA HAREUPEUN NU LALAJO. TULUY NYÉRÉNGÉH.
PAMAÉN KABAYAN
Ngaran kuring téh… (SEBUT NGARAN SABENERNA NU JADI PAMAÉN KABAYAN), ngan ku Sutradara dipercaya jadi tokoh Kabayan. Ngan ulah boga anggapan kuring bakal siga Kang Ibing, Didi Pétét, Joe P-Projéct, atawa béh dituna mah Tajudin Nirwan keur jaman gending karesmén Gandamekar-na Mang Koko, ulah! Lantaran, dina ieu sandéwara mah Kabayan téh séjén jeung nu opatan éta.
Kabayan téh, dina ieu sandéwara mah geus jadi profésor. Enya, Profésor Kabayan. Heuheuy deuh. Na ti mimiti iraha atuh Kabayan dilélér jadi profésor? Duka teuing atuh, lebah dieu mah kuring teu titén. Jeung éta deuih, teuing ku naon nu nulis naskah bet hayang ngalélér gelar profésor ka Kabayan. Teuing ku naon deuih sutradara mercayakeun kuring jadi tokoh Kabayan, kuring moal bisa ngajawab. Ngan nu jelas, kuring minangka aktor, enya aktor panggung maksud téh, lain aktor inteléktual, kuring kudu bisa ngigelan kahayang maranéhna, kahayang sutradara jeung nu nulis naskah.
Tah, dina ieu sandéwara, kuring –enya maksud téh Profésor Kabayan—geus bisa nyieun mesin waktu. Ku éta mesin… (GAYANA JADI ROBAH KAWAS NU DÉKLAMASI, BARI PEPETA)… kuring bisa ngalanglang waktu demi waktu, abad demi abad. Kuring bisa ngalanglang jaman ka tukang atawa ka jaman engké nu can tangtu kasorang ku manusa jaman ayeuna.
NÉNJO PAMAÉN KABAYAN KITU PETA, GEUWAT BAÉ SUTRADARA NYAMPEURKEUN PAMAÉN KABAYAN BARI POPORONGOS.
SUTRADARA
Étah, étah, ari manéh... ! Bet kalah déklamasi geuning dititah ngékting téh. Ieu mah lain pintonan déklamasi atuh!
PAMAÉN KABAYAN
Atuh da keuheul kuring mah. Dibéré peran téh, der jadi profésor. Luhur teuing atuh jadi profésor mah, Pa Sutradara.
SUTRADARA
Jadi, hayang jadi naon atuh, manéh téh?
PAMAÉN KABAYAN
Angger jadi Kabayanna mah, ngan ulah dibéré gelar profésor.
SUTRADARA
Éta mah urusan nu nulis naskah, siah. Lain urusan sutradara. Si Kabayan rék jadi naon-jadi naon gé, éta mah urusan nu nulis naskah. Tarimakeun wé da pancén pamaén mah kitu kuduna, kudu bisa ngigelan kahayang nu nulis naskah. Geus, montong loba catur deui, geura ékting kainyah.
KABAYAN NGADEUKEUTAN DEUI MESIN WAKTUNA. DONGKO, ALAK-ILIK KANA MESIN.
SUTRADARA NYANGHAREUP KA NU LALAJO. ALAK-ILIK HEULA KA HAREUP, KA LEBAH NU LALAJO.
SUTRADARA
Aéh, geuning, tos aya nu narongton? Bagéa Bapa-bapa, Ibu-ibu, miwah Sadérék sadaya. Sok ah, sing jarongjon wé nongtonna, nya?! Ulah ngaraos kaganggu ku adegan nu nembé, anggap wé nu nembé mah mung sakadar intermézzo. Ah, moal rék seueur catur deui, moal rék ngadadarkeun eusi-eusining ieu carios, da kapan tadi gé nu merankeun Kabayan téh tos wakca balaka yén Kabayan téh dina ieu lalakon mah tos janten proféssor. Enya, intervénsi tah pamaén téh, da kuduna mah tugas sutradara atuh nu nerangkeun éta mah. Aéh, enya, tadi tos wakca moal rék seueur catur deui, pokona mah lah… mangga wé nyanggakeun!
(TULUY NGALÉOS).
PROF. KABAYAN NENGETAN DEUI MESIN WAKTU JIEUNANANA. DITENGET-TENGET, DITELEK-TELEK, DITILIK-TILIK. BEUNGEUTNA NÉMBONGKEUN RIUK NU PIKABUNGAHEUN. BUNGAH TUR NGARASA REUEUS.
KEUR KITU, TOROJOL NYI ITEUNG BARI NGAGERO-GERO.
NYI ITEUNG
Kabayan, Kabayan, Kabayan...!
PROF. KABAYAN JONGJON KÉNÉH BAÉ ALAK-ILIK KANA MESIN CIPTAANANA. TEU MALIRÉ PANGGERO PAMAJIKANANA..
KATÉNJO KU MANÉHNA, SALAKINA TÉH KEUR ANTENG NGIMEUTAN "KAULINAN ANYAR"-NA. ATUH PUGUH BAÉ NYI ITEUNG NGARASA DISAPIRAKEUN.
NYI ITEUNG
Kabayan!
ANGGER TEU DIPALIRÉ.
NYI ITEUNG
Kabayan!
KU LANTARAN NGARASA TETEP TEU DIPIROSÉA, NYI ITEUNG MUKA SELOPNA, BELEWER BAÉ DIBALANGKEUN KA PROF. KABAYAN.
NYI ITEUNG
Kabayan!
PROF. KABAYAN REUWAS, BARI TULUY MALIK NYORONGOT KA NYI ITEUNG.
PROF. KABAYAN
Ari nyanéh, Iteung, nanaonan...!
Ka salaki téh lain aya hurmatna, nyanéh mah. Kalah hayoh ngaganggu kaasyikan salaki.
NYI ITEUNG
Manasina Jéndral dihurmat-hurmat, da ieu mah prajurit gé lain.
PROF. KABAYAN
Na teu nyaho, kami téh geus waktuna dihurmat, diajénan. Kieu-kieu gé kami téh geus jadi profésor...
NYI ITEUNG
Lah, profésor ti mana horéng! Apal modalna, lah, aing mah...
PROF. KABAYAN
Mun geus nyaho modal salaki mah, kawajiban pamajikan pikeun nutupan rahasia. Jaga privasi. Tong transparan teuing, da jaman ayeuna mah tong boro pamajikan ka salaki, dalah ka batur gé tong teuing transparan...
NYI ITEUNG
Alah, kawas nu enya ngawadul téh. Moal ditanggap, moal, ku batur gé.
PROF. KABAYAN
Enya, teu ditanggap ku batur, atuh ku nyanéh-ku nyanéh, da nyanéh mah wajib.
NYI ITEUNG
Heueuh, da pamajikan mah loba wajibna batan hak-na, nyah?
PROF. KABAYAN
Hak? Hak nanahaon? Apan boga hak gé ku nyanéh mah bet dibalang-balangkeun. Tuh, ténjo selop nyanéh… (NUNJUK KANA SELOP NU TADI DIBALANGKEUN KU ITEUNG), éta buktina nyanéh teu ngahargaan hak sorangan, deuleu!
NYI ITEUNG
Tong maké basa pélésétan, siah! (BARI TULUY MAKÉ DEUI SELOPNA)
PROF. KABAYAN
Étah, étah Si Iteung, ka aing nyebut sétan? Yeuh, Jikan, aing mah geus jadi profésor, siah, lain sétan lain jurig. Lain genderuwo lain kuntilanak!
NYI ITEUNG
Enya, lain sétan lain jurig, lain genderuwo lain kuntilanak, tapi drakula sia mah. Profésor linglung, siah!
PROF. KABAYAN
Naon buktina uing linglung? Mun linglung mah uing gé moal bisa nyiptakeun mesin waktu, deuleu!
NYI ITEUNG
Meunggeus! Tong réa omong, siah! Profésor gé geuning euweuh hurmateunana sia mah.
PROF. KABAYAN
Rék aya hurmateunana kumaha ari ku sia teu dihurmat mah. Batur mah moal ngajénan ka aing, da sia gé pamajikanana henteu ngajénan, geuning...
NYI ITEUNG
Meunggeus, meunggeus!
PROF. KABAYAN
Moal, moal meunggeus, satungtung sia teu meunggeus ti heula mah.
NYI ITEUNG
Nya heug atuh uing rék meunggeus. Asal di dinya gé meunggeus.
PROF. KABAYAN
Kapan sia nu ngajak ribut téh. Kuduna mah sia nu meunggeus ti heula!
NYI ITEUNG
Ngajak ribut sotéh pédah wé sia ngungurus waé nu kitu patut!
PROF. KABAYAN
É,é,é..., naon nu kitu patut téh?
NYI ITEUNG
Éta! (NUNJUK MESIN WAKTU) Bosen ngurus hayam, marmot, meri, embé, ayeuna pindah cabak kalah ngurus nu kitu patut... lain ngalamar pagawéan ka ituh...!
PROF. KABAYAN
Lah, Jikan, sia mah gawé téh ngarasula jeung ngarasula baé atuh. Di mata sia mah, kawasna nu dipigawé ku aing téh euweuh hadéna. Hayoh wé dicawad, siah! Jadi profésor ku jadi profésorna, angger wé kutuk gendeng. Jadi naon atuh kahayang sia téh, Jikan?
NYI ITEUNG
Lah, salaki jadi profésor gé geuning keur kami mah euweuh ungtungna. Teu ngahasilkeun duit. Kalah hayoh méakkeun duit ngadon nyieun nu kitu. Bari jeung duitna gé duit Si Abah, siah.
PROF. KABAYAN
Yeuh, Jikan... nu kitu tah nu ngaranna pangorbanan téh. Pangorbanan Si Abah dina ngaluarkeun duit, tangtu mangrupa amal. Amal keur kamekaran élmu pangaweruh.
NYI ITEUNG
Lah, pangorbanan! Amal! Pangorbanan nanahaon?! Amal nanahaon?! Pira gé mesin…
PROF. KABAYAN
Éh, mesin gé ieu mah lain mesin samanéa, deuleu. Ieu mesin bisa dipaké ngalanglang abad.
NYI ITEUNG
Wuah, ngalanglang abad kumaha! (JEBI)
PROF. KABAYAN
Na sia teu nyaho kitu, Jikan, kapan ieu téh mesin waktu, nu bisa mawa manusa ngalanglang ka jaman-jaman ka tukang atawa ka jaman engké.
NYI ITEUNG
Wuah, ngimpi manéh mah, Kabayan. Nu matak, gawé téh ulah lalajo waé pélem. Kapan buktina pikiran manéh gé karacun.
PROF. KABAYAN
Aéh, ari Si Jikan. Na teu percaya ka Profésor Kabayan? Cing atuh ka salaki téh kali-kali mah percaya, Jikan, tong waé cangcaya.
NYI ITEUNG
Wuah, ka jelema seblu, percaya? Ka salaki nu taya guam percaya?
PROF. KABAYAN
Tuh, da sia mah hésé diajak nyarita nu bener téh. Rék ku saha dipercayana aing téh ari lain ku sia mah, deuleu!
Meunggeus siah, ah. Aing lapar!
(BARI TULUY NGALÉOS ASUP KA IMAHNA).
NYI ITEUNG
(NYOROWOK)
Kabayan! Kabayan...!
PROF. KABAYAN
(TI JERO IMAH)
Meunggeus siah, ah. Aing rék nyatu heula Supaya aya tanaga keur merangan sia. Panasaran wé teu merangan aing téh sia mah!
NYI ITEUNG
Pék waé rék nyatu mah. Kéjona gé da euweuh, wéw!
(NGALÉOS BARI GUDAD-GADEUD, NUTURKEUN ASUP KA JERO IMAH). (Hanca)

Rosyid E. Abby - kisuta.com


