Kabayan Ngalanglang Jaman (2)
DUA
JAMAN BANDUNG PURBA, SABABARAHA TAUN SANGGEUSNA SANGKURIANG NYÉPAK PARAHU LANTARAN KUCIWA RÉK NGARANGKEP KA NYI DAYANG SUMBI TEU TINEKANAN.
SÉTTING PANGGUNG NGAGAMBARKAN HIJI LEUWEUNG GELEDEGAN.
SANGKURIANG KASAMPAK KEUR DIUK NGARAGA MENENG. PASEMONNA ALUM NGUNGUN. TEUTEUPNA KOSONG NGANCO KA JAUHNA. MIKIRAN CINTANA NU TEU LAKSANA.
TI TUKANGEUNANA TOROJOL GULANG-GULANG, DUAAN. TEU WAKA LEMÉK, KALAH SILIPELONG DI ANTARA BATURNA. ATUH SANGKURIANG GÉ TEU KAGAREUWAHKEUN, DA ÉSTU NONGGONGAN TÉA, JONGJON WÉ NGUMBAR LAMUNANANA..
SANGKURIANG
(NGAGERENTES)
Reup peuting... bray beurang...
Beurang kasilih peuting, peuting baganti beurang... Beurang ganti lalakon, peuting ganti carita. Hhh... Teu karasa, waktu téh asa nyérélék... Tug tepi ka ayeuna, geus aya kana saabadna kuring nganti-nganti nu dianti, ngarep-ngarep nu diarep...
(NGARÉNGHAP JERO NAKER, TULUY GOGODEG)
GULANG-GULANG I
(KA BATURNA)
Tah, tangtuna kalimah kieu mah nyambungna téh kudu kieu, Lur: "... Nganti-nganti nu dianti, ngarep-ngarep nu diarep, ngadago-dago nu didago. Lain kitu, Lur?
GULANG-GULANG II
(NGAGEBÉS)
Hus! Ku aya-aya waé ari andika!
SANGKURIANG
(NOROWÉCO DEUI, SEMU NU NGAGERENTES, ANGGER TEU ENGEUHEUN AYA GULANG-GULANG DI TUKANGEUNANA)
Emh, Nyi Dayang Sumbi... na ka mana waé atuh salira téh. Kirang kumaha kuring usaha satekah polah. Kuring geus nitahan gulang-gulang sangkan néangan salira. Tapi weléh teu hasil. Cék paripaosna mah, gulang-gulang téh geus ngubek ka ditu-ka dieu, ngitung lembur milangan kori... Demi nu ditéangan, kapan salira. Tapi naha atuh salira bet teu némbongan waé? Bujeng-bujeng sumping ka dieu ngadon nyacapkeun kasono, dalah dipilari gé salira mah mani sesah... (NGARÉNGHAP DEUI JERO NAKER)
GULANG-GULANG II
(KA BATURNA)
Alus tah euy basa téh... Murwakanti! Puitis!
GULANG-GULANG I
Enya. Puitis. Romantis. Mélankolis. Béh dituna melas-melis, lumengis. Kadé ah, bisi teu kawawa nahan citangis.
GULANG-GULANG II
Beu, andika mah nyarita téh bet pakupis.
SANGKURIANG
(NOROWÉCO SORANGAN, ANGGER KÉNÉH TEU MALIRÉ KAAYAAN SABUDEUREUNANA)
Reup peuting... bray beurang...
Beurang kasilih ku peuting, peuting baganti beurang...
Beurang ganti lalakon, peuting ganti carita…
GULANG-GULANG I
(KA BATURNA)
Geura étah! Balik deui-balik deui ka dinya kalimah téh. Mani kawas nu euweuh picaritaeun deui, nya, Lur?.
GULANG-GULANG II
Enya, puguh, lieur ngabandunganana. Hayu ah, urang unjukan ka Anom, bisi kalalanjoanan teuing ngalamunna, hayoh kéh jadi kateterusan gundam.
GULANG-GULANG I & II TEPAK DEKU, NGAHATURKEUN SEMBAH KA SANGKURIANG.
GULANG-GULANG I & II
Abdi duaan dongkap, Nun...
SANGKURIANG ANGGER TEU LEMÉK. TEU MIROSÉA. ANTENG DINA LAMUNANANA. NGUMBAR TEUTEUPAN KA JAUHNA.
GULANG-GULANG II
(NENGET-NENGET RIUK BEUNGEUT SANGKURIANG. TAPI TEU LILA. LUK TUNGKUL. AJRIH.)
Aéh..., ku naon pameunteu téh mani kucem kitu, Anom? Sok, balaka wé ka Mamang duaan... ulah dipendem baé ku salira... bilih janten éwateun...
SANGKURIANG
(KAKARA ENGEUH YÉN DI DINYA TÉH GEUS NYAMPAK GULANG-GULANGNA)
Aéh..., geuning aya di darieu? Geus lila?
GULANG-GULANG I
Duh, Anom mah, nganggap siluman meureun, nya, ka Mamang duaan téh...! Nembé, Anom, nembé pisan...
Éta Anom, ku naon Anom bet ngungun?
SANGKURIANG
Na, ari Si Mamang... kawas nu teu nyaho baé kula keur nandangan tunggara téh...
GULANG-GULANG II
Baruk? Tunggara? Naon nu jadi margina, Anom? Padahal kirang kumaha saktina, Anom téh. Dano gé geuning ku Anom mah tiasa dibendung. Atuh parahu nu tadina diancokeun kanggo lalayaran Anom sareng Nyi Dayang Sumbi, ku Anom mah tiasa dijungkir-balikkeun. Sok, badé tunggara kumaha? Mun Mamang jadi Anom, tangtos tebih tina tunggara...
SANGKURIANG
Ukuran kabagjaan mah lain éta, Mamang... Tapi tumaninahna haté.
GULANG-GULANG I
Baruk, manah? Na ku naon manah Anom téh, kitu? Raheut? Raheut manah, Anom téh?
SANGKURIANG
Enya. Malah leuwih-leuwih ti kitu. Nya raheut, nya rajét, nya ringsek.
GULANG-GULANG II
Atuh langkung-langkung ditindihan ku salaksa gunung ari kitu mah, Anom. Éta da Anom mah sok sagala diborong. Hawek, nu kitu téh, Anom. Tebihkeun, bilih janten matak.
SANGKURIANG
Naon nu sagala diborong téh? Lebah mana hawekna ari kula?
GULANG-GULANG II
Sumuhun, éta..., nya raheut, nya rajét, nya ringsek. Émbohan wé ku pejét, Anom. Keun, lah, étang-étang ditindihan ku salaksa gunung.
SANGKURIANG
Si! Sok ngalantur Si Mamang mah...
Kieu, Mamang,... ari nu jadi sabab pangna kula nandangan tunggara téh, meureun Mamang gé geus nyaho.
GULANG-GULANG I
Naon téa, Anom? Éta téa meureun, nya... Endén Dayang Sumbi téa, nya?
SANGKURIANG
Tah, geuning surti. Naha atuh tadi kawas nu teu surti baé? Diajak nyarita téh kalah ngalér-ngidul, Mamang mah!
GULANG-GULANG II
Is, sanés ukur ngalér-ngidul, Anom. Malih mah dugi ka ngulon-ngétan sagala...
SANGKURIANG
Euh..., maksudna mah keur ngahibur kula meureun, nya? Teu! Teu kudu dihibur ku Mamang, kula mah, da moal tinemu kawarasan. Bisa sotéh cageur, mun dihibur ku Nyi Dayang Sumbi.
Lain, Mamang..., ari Dayang Sumbi téa téh, kumaha?
GULANG-GULANG I
Beu, éta Anom... Kapan kamari gé Mamang duaan téh parantos laporan... Endén Dayang Sumbi téh lir nu kateureuy ku bumi. Lir nu ngahiang di alam peteng...
SANGKURIANG
(NGAHULENG SAJONGJONGAN. NOROWÉCO SORANGAN DEUI.)
Reup peuting... bray beurang...
Beurang ganti lalakon. Peuting ganti carita...
GULANG-GULANG I
Beu..., Anom mah bet kalah pupuisian baé, geuning.
SANGKURIANG
Lain puisi ieu mah... Gerentes haté!
GULANG-GULANG II
Ké, Anom, na ari gerentes haté sanés puisi, kitu?
SANGKURIANG
Lah, duka teuing atuh, Mamang. Kula mah ngan sakadar boga gerentes haté. Teuing puisi teuing lain, da kula mah lain tukang nyieunan syair. Tah, mun nyairan lauk di walungan mah, kula osok.
GULANG-GULANG II
Haaar, ari Anom bet los-los kana lauk, geuning…
SANGKURIANG
Da bongan Mamang bet los-los kana urusan gerentes haté jeung puisi.
GULANG-GULANG I
Teu nyararambung teuing atuh, nya, Lur? (KA BATURNA, TULUY KA SANGKURIANG) Na aya hubunganana kitu, Anom, antara gerentes haté, puisi, jeung lauk téh?
SANGKURIANG
Meunggeus, meunggeus! Sok malik-malikkeun omongan, Mamang mah...
GULANG-GULANG I
Atuda teu dibalikkeun mah bisi tutung, nya, Dulur? (KA BATURNA) Geuning beuleum Si Tumang gé teu dibalikkeun mah...
SANGKURIANG
(NGAGEBÉS, RADA KEUHEUL)
Meunggeus! Ulah nyabit-nyabit Si Tumang nu geus euweuh di kieuna!
Geus, ayeuna mah urang balikan deui ka puhuna... Basa Mamang duaan ngalalana téh, geus kaubek kabéh nya sakuliah marcapada téh?
GULANG-GULANG I & II
Parantos, Anom...
SANGKURIANG
Hasilna kumaha?
GULANG-GULANG I & II SILIPELONG, NÉMBONGKEUN RIUK NU NGARASA BINGUNG.
GULANG-GULANG II
Har, ari Anom... bet wangsul deui-wangsul deui ka dinya...! Kawas nu parantos dilaporkeun kamari, sakuliah marcapada téh parantos kaubek. Mung nya kitu, Endén Dayang Sumbi téh lir nu kateureuy ku bumi, lir ngahiang ka alam peteng...
SAJONGJONGAN SANGKURIANG NGAHULENG NGARAGA MENENG.
GULANG-GULANG TEU WASA CUMARITA DEUI.
KEUR KITU, UJUG-UJUG AYA SORA GUMURUH, PILIGENTI JEUNG CAHAYA NU TINGBURINYAY. GULANG-GULANG DUANANA RAREUWASEUN, TINGBERETEK KA DITU-KA DIEU, DI TEMPAT NU ÉTA KÉNÉH.
SÉJÉN JEUNG SANGKURIANG. MANÉHNA AJEG DINA KAAYAAN NU SAYAGA, BARI SOROT PANONNA AWAS NGAWASKEUN KAAYAAN SAKULIAHNA.
BASA SORA GUMURUH JEUNG CAHAYA NU TINGBURINYAY REREP –TEPI KA EUREUNNA PISAN—KAKARA SANGKURIANG ENGEUHEUN: GULANG-GULANG NU DUA TÉH MANI TIPEPEREKET SILIKEUKEUP.
SANGKURIANG
Mamang, meunggeus!
GULANG-GULANG NU DUA ANGGER KÉNÉH SILITANGKEUP, BARI BEUNGEUT SEPA BANGUN TAYA GETIHAN.
SANGKURIANG
Mamang! Mamang!
GULANG-GULANG I & II
(SILIRÉRÉT)
Hah? Atosan, Anom?
SANGKURIANG
Naon nu enggeusan téh, Mamang?
GULANG-GULANG II
Duka atuh.
(KA BATURNA) Naon bieu téh, Dulur?
GULANG-GULANG I
Nyao!
SABOT KITU, TOROJOL PROF. KABAYAN NU NGARASA HOOKEUN KU KAAYAAN SABUDEUREUNANA.
SANGKURIANG JEUNG GULANG-GULANG NU NENGETAN AYA JALMA ANYAR DATANG DINA ADEG-ADEG NU BÉDA JEUNG DIRI MARANÉHANANA, OGÉ MUNGGUH NGARASA HOOKEUN.
SANGKURIANG
(TAKI-TAKI, MASANG JURUS)
Éit, saha andika? Di mana nya lembur matuh? Jeung naon pamaksudan wuri-wuri datang ka dieu?
PROF. KABAYAN
Punten baé, kulan. Kami téh Kabayan téa. Profésor Kabayan.
PROF. SANGKURIANG
Naha maké "téa", da kuring mah teu wawuh ka andika. Boro-boro wawuh, nyaho ngaran gé hanteu... Lamun maké "téa" mah, nya saeutikna kudu apal ngaran, meureun...
Di mana lembur matuh?
PROF. KABAYAN
Di Lembur Manaboa, kulan...
SANGKURIANG
Ari pamaksudan datang ka dieu?
PROF. KABAYAN
Teu aya maksud nu utama mah, kulan. Ngan kami téh kasasar ka dieu. Lembur naon ieu téh, Ki Silah? Jeung saha ari Ki Silah téh?
SANGKURIANG
Lembur? Lain lembur ieu mah. Pan katénjo meureun ku andika... ieu mah leuweung geledegan... Bukittunggul ngaranna. Tuh, beulah di… (NUDUHKEUN KA JAUHNA), Gunung Tangkubanparahu. Pangna disebut Tangkubanparahu téh...
PROF. KABAYAN
(NYELA OMONGAN)
Pédah jiga parahu nangkub, nya?
GULANG-GULANG I
Lain jiga, tapi enya. Kapan tadina mah éta téh parahu. Ngan lila-lila jadi gunung. Mimitina mah éta parahu téh disépak ku Anom...
PROF. KABAYAN
Anom? Pan disépakna mah ku Sangkuriang, lain?
GULANG-GULANG II
Enya, kitu. Ari Anom téh Sangkuriang kénéh. Ari Sangkuriang téh Anom kénéh...
PROF. KABAYAN
Baruk? Ngora kénéh nya Sangkuriang téh? Masih kénéh aya di kieuna?
GULANG-GULANG II
Ih, belegug geuning jalma anyar datang téh. Anom téh, sebutan keur ieu yeuh... (NUNJUK BARI AJRIH KA SANGKURIANG) Bisi can nyaho, ieu téh Sangkuriang. Ari kula jeung batur kula ieu mah... (NUNJUK BATURNA) nyebutna téh Anom. Anom Sangkuriang!
PROF. KABAYAN
(HÉRAN PACAMPUR REUWAS)
Euh, kaharti ari kitu mah. Jadi, ieu Sangkuriang téh, nya? Astagfirullah, na nyasar téh bet jauh temenan...
SANGKURIANG
Nyasar? Nyasar kumaha maksud andika?
PROF. KABAYAN
Saenyana mah kami téh hirup di abad ka-20. Kami geus hasil nyiptakeun mesin waktu nu bisa mawa saha baé ka jaman ka tukang atawa ka jaman jaganing géto. Teu di nangka teu di ganas, ku éta alat kuring kalah dibawa nyasar ka dieu... ka alam jaman Sangkuriang...
GULANG-GULANG I
Ké, lanan... Naon teu di nangka teu di ganas téh? Bet kalah mamawa bungbuahan andika mah...!
PROF. KABAYAN
Ih, sisindiran nu kitu téh. Hartina, teu disangka teu dinyana.
GULANG-GULANG I
Beu, atuh ulah sok sindir-sampir, barina gé. Togmolkeun wé, da jeung Anom mah bébas-merdika.
SANGKURIANG
Ké, bieu disabit-sabit andika téh hirup dina abad ka-20. Tah, naon maksudna ari éta?
PROF. KABAYAN
Maksudna mah, rébuan taun sanggeusna taun ayeuna. Jadi, mun andika hirup dina jaman ieu, kami mah hirup dina jaman jaganing géto...
Ké, ari ayeuna pancegna taun sabaraha?
SANGKURIANG
Taun? Duka teuing. Da tara apal kana taun, kula mah.
PROF. KABAYAN
Abad sabaraha atuh?
SANGKURIANG
Duka teuing deuih. Da euweuh dina caritana kula kudu apal kana abad mah.
GULANG-GULANG II
Geus wé, lah, supaya singgét mah... jaman tikotok dilebuan wé kituh...
GULANG-GULANG I
Tah, enya, jaman tikotok dilebuan wé. Teu kudu pusing-pusing mikiran angka barina gé. Jadi, sora gumuruh jeung guludug téh, sumberna mah ti andika meureun, nya? Tina mesin waktu andika, nya?
PROF. KABAYAN
Na kumaha, kitu?
GULANG-GULANG I
Pédah wé tadi kula asa lésot pangacian.
GULANG-GULANG II
Tah, Anom..., milari Endén Dayang Sumbi téh tos wé gunakeun mesin waktu nu Ki Kabayan. Saha nu terang Endén Dayang Sumbi aya di jaman nu séjén... Boa keur ngalalana ka alam jaman rébuan taun nu bakal kasorang...
PROF. KABAYAN
Baruk? Aya nu ditéangan, nya, Ki Sangkuriang téh?
SANGKURIANG
Enya. Nyi Dayang Sumbi, nu keur ditéangan téh. Najan kumaha baé gé, kula téh cinta kénéh ka inyana. Panasaran, puguh. Najan cék inyana, inyana téh indung kula, cinta kula mah tetep modél cintana lalaki ka awéwé, lain cinta hiji budak ka indung.
PROF. KABAYAN
Ana kitu mah, kami siap mantuan... Mantuan mawa andika ngalanglang abad... Mantuan andika supaya bisa panggih jeung Nyi Dayang Sumbi...
SANGKURIANG
Kitu hadé, atuh. Rék jaman mana heula nu ku urang rék dijugjug téh?
PROF. KABAYAN
Lah, pasrahkeun wé éta mah ka kami. Nyaho tumpak wé andika mah. Teu kudu milu ngatur-ngatur mesin...
GULANG-GULANG I
Ari abdi duaan kumaha, Anom? Naha kedah ngiring deuih?
SANGKURIANG
Teu kudu. Tungguan wé di dieu. Sugan Nyi Dayang Sumbi aya ngalanto deui ka dieu.
Hayu atuh, Ki Kabayan! Di mana ari mesin waktuna?
PROF. KABAYAN
Itu... beulah ditu… (NUDUHKEUN KA HIJI TEMPAT)
SANGKURIANG
Enya, henam atuh.
PROF. KABAYAN JEUNG SANGKURIANG NGALÉOS, DITUTURKEUN KU PANEUTEUP GULANG-GULANG. (Hanca)

Rosyid E. Abby-kisuta.com


