Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Kasundaan

Wangsit Siliwangi (1)

Minggu, 10 Februari 2013

                                     

LALAKON urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia ka­béhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balang­sak, ngilu ru­din bari lapar. Dia mu­du marilih, pikeun hirup ka hareupna, su­paya engké jagana, jem­bar senang sugih mukti, bisa nga­degkeun deui Pajajaran! Lain Pa­jajaran nu kiwari, tapi Pa­jaja­ran anu anyar, nu ngadegna di­geu­ing­keun ku obah ja­man! Pi­lih! Nga­ing moal ngahalang-ha­lang. Sabab pikeun nga­ing, han­teu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna lapar baé jeung balangsak.

Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka da­yeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beu­lah wé­tan, masing nyaraho kaja­yaan milu jeung dia! Nya tu­runan dia nu engkéna bakal ma­réntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna ba­kal aya babalesna. Jig geura na­rindak!

Dia nu di beulah kulon! Pa­pay ku dia lacak Ki Santang! Sa­bab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di hatena. Engké jaga, mun tengah peu­ting, ti gunung Halimun ka­dé­ngé sora tutunggulan, tah éta tandana sa­tur­unan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Ca­wéné. Ulah si­na talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah ka­lér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal ka­sampak. Nu ka sampak ngan ukur te­gal balada­heun. Turunan dia, lolo­bana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pang­kat, tapi moal boga ka­ka­wasaan. Arinyana engké jaga ba­kal kaseundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi ba­tur anu nyu­sahkeun. Sing was­pada!

Sakabéh turunan dia ku nga­ing ba­kal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Nga­ing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu saru­sah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal ka­déngé. Mémang ngaing bakal da­tang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti ka­na wangi anu sajati jeung nu sur­ti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang  teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céé ku wawangi.

Ti mimiti poé ieu  Pajajaran leu­ngit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pa­jajaran moal ninggalkeun ta­pak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, su­pa­ya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna ku­du maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.

Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu di­larang ku nu disebut Raja Pa­nye­lang! Aya nu wani ngoréhan terus-te­rus, teu nga­hiding ka pang­la­rang, ngo­réh­an bari ngalawan, ngalawan sa­ba­ri seuri. Nyaéta budak angon, imahna di birit leuwi, pantona ba­tu satangtungeun, kahi­euman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.

Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong, lain banténg, tapi ka­lakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngoréhan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engké mun geus wayah jeung mang­sana, baris loba nu kabuka jeung raréang mén­ta dilalakon­keun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, ang­geus nyo­rang  un­dur jaman datang ja­man, saban jaman mawa lalakon. Lilana sa­ban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngu­sumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma. (Hanca)*** kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya