Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Kasundaan

Wangsit Siliwangi, Leubeut ku Siloka jeung Simbul

Rabu, 13 Februari 2013

 “REMEN ngadéngé jeung ­mindeng disebut-sebut ngeunaan wangsit Siliwangi téh, tapi ngan sapotong-sapotong, saperti budak angon, urang Sunda kabagian sasapu kalakay,” ceuk Mang Ucup, urang Ciamis, Jawa Barat. Ari wangsit Siliwangi salengkepna mah, Mang Ucup teu apaleun. “Hayang apal puguh,” pokna.

Anu panasaraneun hayang nyaho salengkepna nu disebut wangsit Siliwangi lain hiji dua, tapi réa. Komo deui apan Prabu Siliwangi téh raja Sunda ­legendaris, najan anu disebut Prabu Siliwangi deukeut kana mitos. “Geus lila maluruh nu kumaha wangsit Siliwangi téh,” ceuk Arif, nonoman urang Bandung nu katarik kana ­kasundaan.

Ti taun 2005, wangsit Siliwangi sagemblengna sumebar dina internét, dina mailing list (milis) pakumpulan urang Sunda dina internét. Malah mah geus dimuat dina Wikipédia (situs nu teu beda jeung ensiklopedia) basa Sunda. Anu ngaaksés jeung ngadown load (nyalin)-na kawilang loba, malah aya nu tuluy diprint.

“Sabenerna urang bisa tumanya naha bener éta téh wangsit Siliwangi,” ceuk Jakob Sumardjo dosen Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI) Bandung nu neuleuman kasundaan sarta geus nerbitkeun sababaraha buku hasil paniténanana ngeunaan kasundaan. “Pikeun ­muguhkeunana bisa ditingali basa nu dipakéna,” pokna deui.

Jakob nyebutkeun mun maké basa Sunda buhun sarua jeung nu aya dina prasasti atawa naskah kuno nu sajaman jeung Prabu Siliwangi bisa waé enya éta téh amanat ti Prabu Siliwangi ngan kudu puguh ti mana sumberna. “Ari wangsit Siliwangi maké basa Sunda kaayeunakeun mah nu disebut wangsit Siliwangi téh meunang jalma ayeuna,” pokna.

Dicontokeun ngeunaan ramalan Jayabaya nu mashur pisan dipikawanoh ku urang Jawa jeung urang Sunda. “Tah, ramalam Jayabaya ogé ­sabenerna mah dijieun ku jalma kaayeunakeun lantaran basa Jawa nu dipakéna basa Jawa ayeuna. Bisa jadi nu ngaramalna téh ngarasa meunang wangsit ti Jayabaya,” pokna deui. 

Dina soal wangsit Siliwangi, ceuk Jakob, apan tacan puguh saha raja Sunda anu meunang julukan Prabu Siliwangi. Sajarawan Sunda tacan sapuk, almarhum Ayatrohaédi nyebutkeun Niskala Wastukancana, Aca ­nyebutkeun Sri Baduga Maharaja. Aya deuih nu boga pamanggih nu disebut Prabu Siliwangi téh Prabu Linggabuwana nu gugur di Bubat.

Mungguhing Jakob, leupas ti mana holna éta wangsit Siliwangi, anu disebut wangsit Siliwangi nu dipikanyaho ku masarakat Sunda ayeuna taya lian ti ramalan biasa, teu beda jeung ramalan Jayabaya. “Kitu mun ditingali tina basa nu ­dipakéna, jaman Prabu Siliwangi basa Sundana lain kitu,” pokna.

Diaku ku Jakob, saperti urang Jawa, di urang Sunda ogé aya hal-hal nu sipatna supranatural nu teu bisa dihontal ku akal. Upamana waé dina salahsahiji ­ritual adat, ujug-ujug aya nu trans (kasarumahan) sarta ujug-ujug ngaku hiji ngaran nu geus sohor sarta nepikeun amanatna. “Nu disebut wangsit ogé deukeut-deukeut ka dinya,” pokna.

                                                                            **

“MEMANG urang teu apal naha uga atawa cacandran anu geus lila dipikawanoh ku sebutan wangsit Siliwangi dikedalkeun ku raja Sunda nu boga gelar Prabu Siliwangi atawa lain,” ceuk Ir. Oman Abdurahman, ­M.Si, ­kuncén mailing list (milis) ­urangsunda dina internet.

Kang Oman, nénéhna Ir. Oman Abdurahman téh ­salahsaurang  nu nyebarkeun wangsit Siliwangi dina internét. Meunang  wangsit Siliwangina  ti Idrus Gunawan, insinyur ­pertanian wedalan Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung nu ayeuna leuwih resep niis di Panaruban, Ciater, Subang, di désa deukeut Gunung Tangkuban Parahu.

Kang Oman nyebutkeun wangsit Siliwangi bisa dipesék sacara logika jeung dumasar élmu pangaweruh. “Anu ­diungkabkeun dina wangsit Siliwangi téh uga atawa ramalan, urang mesékna bisa maké ­kacamata élmu pangaweruh, ­tatapakanana lain mistik, najan bisa jadi di masarakat mah aya nu ngahartikeun sacara mistik atawa supranatural,” pokna.

Dicontokeun kalimah Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi mere cere ku wawangi  bisa tapsirkeun dumasar logika.

“Nu seukeut haténa, pinter, nu bisa maca sejarah, nu nyaho mana titinggal luluhur, boh amanat boh hasil gawé, éta nu bakal kaancikan Prabu Siliwangi, kaancikan dina harti nu bakal neruskeun gawé Prabu Siliwangi, naha éta mah Niskala Wastukancana atawa Sribaduga Maharaja, nu duaanana ogé gedé jasana dina ngamajukeun ­karajaan Sunda,” ceuk Kang Oman. 

Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi mere cara ku wawangi, ngandung harti anu datang téh lain wujud Prabu Siliwangi tapi jawaban tina patalékan naon sababna ngaran Prabu Siliwangi téh ­seungit. “Seungitna ngaran téh pan ku jasa-jasana, naon jeung nu kumaha jasana nyaéta mampuh ­ngamajukeun karajaan jeung ngaronjatkeun karaharjaan masarakat,” ceuk Kang Oman.

Ieu ahli kebumian alumni ITB  nu asalna ti Lumbung Kabupatén Ciamis Jawa Barat téh nyebutkeun unggal pamingpin di mana waé tingkatanana kudu bisa kitu, ngamajukeun daérah jeung ngaronjatkeun karaharjaan masarakat. “Pamingpin nu kitu bakal terus dikenang, seungit, kawas Niskala Wastukancana atawa Sribaduga,” pokna.

Budak angon nu dimaksud dina wangsit Siliwangi nyaéta pamingpin nu nyaho kana sajarah, merhatikeun kabuyutan kaasup ngéstokeun amanat luluhur, jeung merhatikeun masarakat. “Anu kailo ku ­sorangan mah kacida geus ­majuna luluhur Sunda téh, ti ­mimiti Prabu Darmasiksa tepi ka raja Sunda  anu ditulis dina prasasti Batutulis Bogor,” ceuk Kang Oman.

Lebah dieu, raja Sunda ­nyieun prasasti téh lain tanda kakawasaan, tapi amanat atawa wangsit nu bisa dilaksanakeun sapanjang jaman. “Upamana waé tapa brata, éta téh taya lian ti amanat  urang kudu neundeun amal kahadean (sarwa karya) nu gedé mangpaatna, boh keur ­katurunan urang boh keur rahayat sagemblengna. Komo deui mun urang hiji pamingpin,” ceuk Kang Oman.

Kitu deui anu disebut tapa gedé, nyaéta amal hadé pikeun rahayat atawa balaréa. ”Dina basa ayeuna mah meureun anu disebut préstasi téa. Lamun urang bangsa Indonesia salilana nyekel ieu papagon, tapa brata jeung tapa gedé atawa  préstasi hirup, leuh pisakumahaeun teuing geus majuna ieu bangsa,” ceuk Kang Oman.

Kang Oman nyebutkeun di Asia anu geus tapa gedé jeung tapa brata téh bangsa Jepang, Korea, Cina, jeung ayeuna Viétnam. “Padahal karuhun Sunda geus ninggalkeun ­wawangi, geus ninggalkeun amanat nu gedé pisan ­mangpaatna mun dilaksanakeun téh, hanjakal urang teu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati,” pokna.

Dicontokeun deui ngeunaan Pajajaran anyar. “Pajajaran anyar téh taya lian ti otonomi daérah, pan otonomi daérah téh luyu jeung pola pamaréntahan ­karajaan Sunda,” ceuk Kang Oman. Otonomi daérah mun bener-bener dilaksanakeun, bakal mampuh mawa kamajuan ka nagara jeung ngaronjatkeun ­karaharjaan masarakat.

Kang Oman nyebutkeun, wangsit Siliwangi paling henteu dumasar paniténana gedé pisan mangpaatna. “Ngélingan sangkan urang salilana hirup dina bener, henteu néangan codéka, merhatikeun alam, teu poho kana sajarah, jeung boga cecekelan dina nyorang kahirupan,” pokna

                                                        

                                                                      **

LEUPAS  tina bener henteuna wangsit Siliwangi dikedalkeun ku raja Sunda nu boga jujuluk Prabu Siliwangi, Jakob Sumardjo ­nyebutkeun mémang wangsit Siliwangi bisa ditapsirkeun ­rupa-rupa. “Aya nu mesékna sacara mistik, aya oge nu mesékna dumasar logika sarta dipatalikeun jeung sajarah katut pajamanan kiwari,” pokna.

Éta mah gumantung ka nu napsirkeunana, gumantung kana panginditanana. “Lain di Sunda wungkul kituna téh, di séké sélér bangsa séjén kana naon-naon nu saperti wangsit Siliwangi, loba nu napsirkeunana, kaasup élmuwan nu napsirkeun maké jihad élmu pangaweruh dipatalikeun jeung nu geus kajadian, nu karasa, jeung nu rék bakal lumangsung,” pokna.* NS Priyatna-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya