Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Kasundaan

Ngaleungitkeun Sékésélér Ngaliwatan Basa

Senin, 18 Februari 2013

Dina kakawasaan Jawa aya istilah tumpes kélor. Hartina ngaleungitkeun musuh atawa nu dianggap musuh lain ku cara dipaténi, tapi ku cara dirabut tina akar budayana: Sina henteu mikawanoh, sina poho kana budayåana sorangan. Kahirupanana dina sagala widang ditarékahan sina robah sangkan teu ngabahayakeun deui.

 

WAKTU Sumedanglarang serah bongkokan ka Mataram tepi ka Priangan jadi jajahan Mataram, panguasa Mataram, ti mimiti Sultan Agung tepi ka Priangan dihadiahkeun ka VOC (Belanda), satékah polah ngasupkeun  unggah-ungguh (panta-panta) kana basa Sunda, ngaliwatan bupati Priangan  nu datang ka Mataram waktu masrahkeun upeti.

Bupati Priangan terus nyaliarakeun undak-usuk ieu ka lingkungan kadalemanana sewang-sewangan, saterusna ka masarakat. Ti dinya mucunghul waé undak-usuk basa Sunda. Untungna Priangan dijajah ku Mataram teu lila, jadi undak-usuk basa Sunda teu kawas unggah-unggah basa Jawa nu katingalna leuwih ribet.

Najan kitu, sanggeus dijajah ku Belanda ogé undak-usuk terus dipiara ku kaum ménak Priangan lantaran nguntungkeun keur kalungguhanana. Ku undak-usuk kalungguhan kaum priyayai Sunda beuki anteb. Kituna téh lumangsung mangabad-abad lilana. Teu aneh mun undak-usuk ngakar jeung siga enya waé asli tina budaya Sunda.

Tarékah keur ngamurnikeun deui basa Sunda, ti jaman jumeneng kénéh Muhamad Musa tepi ka ayeuna teu weléh meunang halangan, babakuna ti entragan kolot jeung ti kalangan nu ngarasa turunan ménak. Mémang ku ayana undak-usuk basa Sunda dua golongan bieu  ngarasa genah dina posisi sosialna di masarakat.

Taun 1867, Musa, harita jeneng panghulu Garut nu ogé sastrawan sobat dalit K.F. Holle, nulis kieu dina wangun puisi; Réja nu  maké doewa basa, nya éta sala-sahidji, Malajoe atawa Djawa, nja bener hadé téh teuing, kaasoep djalma radjin, ngarti Djawa djeung Malajoe, tatapi ulah tinggal, basa asal nini aki, mangka natrat basa asal toetoeroenan.

Saterusna Musa nyebutkeun basa Sunda keur hudang gering, tacan jagjag pisan, tacan walagri. Basana tacan bersih. Sacara teu langsung disebutkeun basa Sunda téh kapangaruhan ku basa Jawa jeung Melayu. Loba kecap basa Sunda nu geus leungit jinisna. Musa nu nulis puisina maké basa loma téh hariwang basa Sunda réa teuing kapangaruhan basa séjén.

Mikihiro Moriyama dina Jurnal Kebudayaan Sunda Dangiang (tanpa taun) nyebutkeun pikeun Musa basa Sunda murni téh nyaéta basa nu henteu kapangaruhan ku basa Jawa jeung Melayu. Ngandung harti anu dipikahayang ku Musa: basa Sunda nu bener-bener asli nu tacan kahémbos ku basa Jawa jeung Melayu.

Sanggeus nagara urang ngadeg kalayan merdéka, taun 1950-an sastrawan MA Salmun ngasongkeun pamanggih soal ngadémokrasikeun basa Sunda. Ceuk basa légégna mah, basa Sunda teh kudu ‘dimerdékakeun’ tina undak-usuk. Harita MA Salmun pada ngarentog ku nu ngaku ahli basa. Antukna MA Salmun kasedekeun, teu neugtreug soal démokrasisasi basa Sunda.

Taun 1952, dina Kongrés Basa Sunda pasualan undak-usuk dimucunghulkeun deui. Tilu taun ti harita, taun 1955, Djajat Hardjakusumah, nulis ngeunaan undak-usuk. Ti dinya mah pleng taya nu medar deui. Karek taun 1981 Ajip Rosidi ngasongkeun pamadeganana nu nyebutkeun undak-usuk basa tong dipaliré.

Dina Seminar Kebudayaan Sunda di Lembang taun 1986, dina makalahna, Ngabina jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Daerah (Sunda), Ajip masualkeun deui undak-usuk basa Sunda. Ku majalah Manglé, makalah Ajip Rosidi nu ditepikeun dina éta seminar dimuat nyambung dina tilu terbitan sarta jadi polémik nu taun 1987 terus dibukukeun.

Dina makalahna ieu, Ajip nyebutkeun pangna undak-usuk dina basa Sunda kudu dileungitkeun lantaran lain basa asli Sunda jeung matak mu­gag­keun urang Sunda mun rék maké basa Sunda. “Sarieu­neun salah ngalarapkeun kecap, antukna ngarasa leuwih aman maké basa Malayu,” pokna.

Kana pamanggih Ajip tangtu waé loba nu satuju­eun jeung loba deuih nu teu satujueun. Anu satujueun umumna nonoman, entragan ngora, lantaran un­dak-usuk basa téh matak murengkedkeun mun rék nyarita basa Sunda. Anu teu satujueun di antarana nganggap, undak-usuk téh, sakumaha ceuk Ajip, ciri kalemesan budi urang Sunda.

Kongrés Basa Sunda nu lumangsung sang­geus polémik undak-usuk, teu tandes mutuskeun naha undak-usuk téh dileungitkeun atawa henteu. Kongrés ukur nyebutkeun undak-usuk mémang dieuweuhkeun, diganti ku istilah anyar, basa sopan jeung basa cohag. “Ari prinsip jeung hakékatna mah teu robah (tina undak-usuk),” ceuk Ajip.

                                                                            *

MATARAM mangaruhan bupati Priangan sangkan nancebkeun undak-usuk kana basa Sun­da, udaganana keur ngajalankeun tumpes kelor. Urang Sunda ditarékahan henteu mikawanoh deui kana budayana. Padahal basa jeung budaya téh lir gula jeung amisna. Basa hiji séké sélér leungit atawa robah, budaya éta séké sélér ogé leungit atawa robah.

Ku undak-usuk ieu, urang Sunda sina sumun dawuh, teu baha ka panguasa, ngarasa diri laip, hina, teu daya upaya, tepi ka teu wanieun hojah, komo mun ngalawan atawa baruntak mah. Ku undak-usuk ieu, urang Sunda dihéngkérkeun, dipaéhan méntalna sangkan teu hayang baruntak ka Mataram jeung ka ménak Priangan.* Nanang Supriatna-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya