Kidung Sunda, Ngadumaniskeun Romantis jeung Dramatis nu Matak Ngirut
”ITU adalah salah satu kekayaan sastra Bali Kuno, isinya sangat menarik, tentang sejarah Majapahit,” ceuk I Ketut Suwidja, ahli sastra Bali Kuno waktu ditanya ngeunaan Kidung Sundayana. Ajén sastra Kidung Sundayana, pokna deui, sajajar jeung Kidung Ranggalawé, Kidung Swalantaka, nu sarua nyaritakeun Karajaan Majapahit.

Kidung Sunda atawa Kidung Sundayana téh salahsahiji cecekelan paraahli-sajarah, babakuna di Sunda, ngeunaan Perang Bubat nu ceuk naskah Wangsakerta kajadian tanggal 4 September 1367. Dina ieu perang, rombongan Karajaan Sunda palastra di tegal Bubat di Jawa Timur, kaasup Prabu Linggabuana jeung Dyah Pitaloka Citraresmi.
Pangna disebut kidung, lantaran mémang ditulisna dina wangun pupuh atawa guguritan, lain dina wangunan lancaran (prosa). “Kidung Sunda, Kidung Sundayana nu di Bali mah disebut Geguritan Sunda téh karya sastra, lain sajarah, ngan dina nulisna bisa jadi dumasar kana kanyataan,” ceuk I Ketut Suwidja.
Najan kapanggihna di Bali, Kidung Sundayana, ceuk Kén Widyawati, dosen Fakultas Ilmu Budaya Universitas Diponegoro (Undip) Semarang, kaasup Sastra Jawa Pertengahan (1400-1700). Hartina ditulis méh saabad sanggeus perang Bubat. “Kidung Sundayana merupakan salah satu karya sastra terbaik dalam Sastra Jawa Pertengahan,” pokna.
Jaman kolonial, Prof Dr. C.C. Berg nu gedé pisan sumbanganana keur ngungkab sastra Nusantara, manggih sababaraha vérsi Kidung Sunda, di antarana Kidung Sundayana (lalampahan [urang] Sunda), jeung Kidung Sunda. Berg nyebutkeun, Kidung Sunda eusina leuwih panjang jeung ajén sastrana leuwih luhung batan Kidung Sundayana.
Kidung Sunda nu ditulis dina basa Jawa kuna wangun dangding atawa guguritan, di antarana make pupuh durma jeung sinom, ceuk Kén, gaya basana gampang kaharti jeung ngaguluyur. Teu matak ngarieutkeun, teu kawas karya sastra nu sajenis jeung sajaman. “Ngadumaniskeun antara romantis jeung dramatis nu matak ngirut,” pokna.
Ku gaya basa nu merenah, Kidung Sunda mampuh ngahirupkeun para tokoh caritana, babakuna nu protagonis-na (tokoh hadé), tepi ka ku urang kawangwang kumaha adeganana atawa kajadianana. Upamana wae nyarékanana urang Sunda ka Gajah Mada, jeung Prabu Hayam Wuruk nu nyeungceurikan Dyah Pitalola digambarkeun puitis pisan tepi ku nu macana ngangres.
Tepi ka danget ieu tacan kapaluruh saha nu nganggit Kidung Sunda, di mana jeung iraha nyieunna. Nu geus pasti, Kidung Sunda kapanggih di Bali. Anu geus jelas deui, nu nyusun Kidung Sunda téh simpati ka urang Sunda anu dipacikeuh ku Gajah Mada jeung simpati ka Hayam Wuruk nu leungiteun pipraméswarieun nu kacida pisan dipikacintana.
Dina Kidung Sunda, Nusantara jeung Sunda dibédakeun. Wewengkon Sunda jeung urang Sunda lain kaasup Nusantara nu geus ditalukkeun ku Majapahit demi kahontalna Sumpah Palapa nu dikedalkeun ku Gajah Mada waktu dilantik jadi mahapatih. Ku kituna, Sunda lain bagian Nusantara tina jihad politis, hartina lain jajahan Majapahit.
Anu disebut Nusantara dina Kidung Sunda, nyaéta Palémbang, Tumasik (Singapura), Madura, Bali, Koci, Wandan (Maluku), Tanjungpura (Banjarmasin), jeung Sawakung. Anu nganggap Sunda bagian ti Nusantara ukur Gajah Mada, nu matak teu mikeun mun Hayam Wuruk kawin ka Dyah Pitaloka Citraresmi, putri Karajaan Sunda.
Teu diasupkeunana Sunda kana daérah kakawasaan Majapahit ieu luyu jeung naskah kuna Negarakertagama nu ngadadarkeun ngeunaan mashurna Hayam Wuruk jeung Majapahit. Di Negarakertagama, daerah nu teu kasebut téh Sunda jeung Madura. Hartina, harita, Sunda, ogé Madura, tacan bisa ditalukkeun ku Majapahit.
Anu teu luyu jeung Negarakertagama ngeunaan moksa (ngahiang)-na Gajah Mada jeung palastrana Hayam Wuruk. Dina Kidung Sunda, Gajah Mada sanggeus Perang Bubat numpi di imahna terus moksa, Hayam Wuruk palastra alatan kagegeringan. Dina Negarakertagama mah, tilar dunyana Hayam Wuruk jeung Gajah Mada mémang geus waktuna.
Dumasar pedaran di luhur, Kidung Sunda bisa ditilik tina jihad sajarah jeung jihad sastra. Ku urang Sunda, Kidung Sunda dianggap mampuh méré informasi ngeunaan Perang Bubat, ari ku urang Jawa jeung Bali, Kidung Sunda luhung pisan ajén sastrana. “Tanpa Kidung Sunda, mungkin sastra Jawa Pertengahan tidak begitu kaya,” ceuk Kén.* Nanang Supriatna-kisuta.com


