Sababaraha Cutatan Kidung Sunda
BAIT 1.66b -1.68a, utusan Sunda nyarekan Gajah Mada: Ih angapa, Gajah Mada, agung wuwusmu i kami, ngong iki mangkw angaturana sira sang rajaputri, adulurana bakti, mangkana rakwa karepmu, pada lan Nusantara dede Sunda iki, durung-durung ngong iki andap ring yuda
Abasa lali po kita nguni duk kita anekani jurit, amrang pradesa ring gunung, enti ramening yuda, wong Sunda kagingsir, wong Jipang amburu, praptâpatih Sunda apulih, rusak wadwamu gingsir.
Mantrimu kalih tinigas anama Les Beleteng angemasi, bubar wadwamu malayu, anânibani jurang, amurug-murug rwi, lwir patining lutung, uwak setan pating burengik, padâmalakw ing urip.
Mangke agung kokohanmu, uwabmu lwir ntuting gasir, kaya purisya tinilar ing asu, mengkene kaharepta, tan pracura juti, ndi sasana tinutmu gurwaning dustârusuh, dadi angapusi sang sadubudi, patitânêng niraya atmamu tembe yen antu.
Hartina: He Gajah Mada, naon maksudna di dinya gede bacot ka kami? Kami rek mawa Rajaputri, ari anjeun kalah miharep kami mawa upeti kawas ti Nusantara. Kami mah lain. Kami urang Sunda, can kungsi eleh perang.
Kawas nu poho bae sia baheula, waktu sia keur perang di pagunungan. Perang campuh diuudag urang Jipang. Waktu patih Sunda datang deui tepi ka pasukan sia mundur.
Mantri sia nu dua nu ngaranna Les jeung Beleteng dikadek nepi ka paeh. Pasukan sia bubar katawuran. Aya nu labuh ka jurang ti kakarait kana rungga. Maranehna paeh kawas lutung, owa, jeung setan, lalumengis menta hirup.
Ayeuna sia gede sungut. Bau sungut sia kawas kasir, kawas tai anjing. Ayeuna kahayang sia minculak jeung ngahianat. Nuturkeun ajaran naon salian ti hayang jadi guru nu ngabohong jeung milampah teu uni. Nipu jalma nu niat hade. Mun paeh, roh sia bakal asup naraka!
Bait 3.29 – 3. 33, Prabu Hayam Wuruk nyeungceurikan Dyah Pitaloka: Sireñanira tinañan, unggwani sang rajaputri, tinuduhaken aneng made sira wonten aguling, mara sri narapati, katemu sira akukub, peremas natar ijo, ingungkabaken tumuli, kagyat sang nata dadi atemah laywan.
Wenesning muka angraras, netra dumeling sadidik, kang lati angrawit katon, kengisning waja amanis, anrang rumning srigading, kadi anapa pukulun, ngke pangeran mareka, tinghal kamanda punyaningsun pukulun, mangke prapta angajawa.
Sang tan sah aneng swacita, ning rama rena inisti, marmaning pareng prapta kongang mangkw atemah kayêki, yan si prapta kang wingi, bangiwen pangeraningsun, pilih kari agesang, kawula mangke pinanggih, lah palalun, pangdaning Widy angawasa.
Palar-palaren ing jemah, pangeran sida kapanggih, asisihan eng paturon, tan kalangan ing duskreti, sida kâptining rawit, mwang rena kalih katuju, lwir mangkana panapanira sang uwus alalis, sang sinambrama lengleng amrati cita.
Sangsaya lara kagagat, peteng rasanikang ati, kapati sira sang katong, kang tangis mangkin gumirih, lwir guruh ing katrini, matag panedeng ing santun, awor swaraning kumbang, tangising wong lanang istri, arereb-rereb pawraning gelung lukar.
Hartina: Emban-emban dipapay nanyakeun di mana sang Putri, aya di tengah keur kulem tibra. Barang disampeurkeun, dina taneuh katempo sangputri ditutupan kaen warna hejo kaemasan. Barang dibuka, sang Prabu lir kapupul bayu, sang putri geus jadi layon.
Pameunteunna nu pucet angger matak mincut, panonna muka saeutik, biwirna matak uruy, waos-waosna boborelakan, siga nu nandingan kaendahan sri gading. Siga anu ngageroaan; “Sri Paduka, tingali pupunden ati, nu ngahaja dongkap tanah Jawa.
Anu janten panyileukeun Rama sareng Ambu, eta margina aranjeunna ngiring. Naha kajantenana saperti kieu. Upami tea mah salira dongkapna teu leuir, urang tiasa ngahiji.
Naha urang tiasa keneh miharep, supaya tiasa ngahji, ngagoler duaan dina ranjang bari teu dihalangan ku niat awon. Kahoyong rama sareng ibu tiasa tinekanan”. Saolah-olah kitu pisan nuperlaya sasauranana. Ari nu diajak ngomongna jadi ngungun jeung bingung.
Beuki lila beuki seuseuitan. Hatena poek mongkleng, anjeunna, sang Raja, beuki kanyenyerian, beuki tarik sesegrukna, ngaguruh lir sora gelap di bulan katilu, nu muka kelopak bunga keur mekar, awor jeung sora kumbang, lalaki jeung wanoja maridangdam bari reumbay cipanon, gelungna udar tepi buukna ngarumbay. * NS Priyatna-kisuta.com


