Kropak 421 Kawali, Naskah Lontar Sunda Tilu Basa
Sawetuna ti tan hana
salawasna nyarita di bwana
Mangkana nepi ka mangkana
dongkap ka mangsa
pulang deui ka tunnana.
KOLÉKSI Bagian Naskah Perpustakaan Nasional di antarana tilu siki naskah lontar Sunda. Nomer kodena kropak 420, kropak 421 jeung kropak 422. Kabéh ogé geus ditalungtik, ditranslit, sarta ditarjamaahkeun ku Undang A. Darsa jeung Édi S. Ékadjati, duanana dosen Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.
Kropak 421, asalna ti Kawali, Ciamis Kalér, nu ti abad ka-14 kungsi jadi pusat pamaréntahan Karajaan Galuh jeung Sunda jeung dina abad ka-16 katompérnakeun dipake pangungsian Pakuan Padjadjaran. Mimitina mah naskah kropak 421 diampihan ku RAA Kusumadiningrat nu jadi bupati Galuh ti taun 1839 tepi ka taun 1886 Maséhi.
Éta naskah ku RAA Kusumadiningrat dipasrahkeun ka Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen (Masyarakat Batavia nu mikacinta seni jeung élmu pangaweruh) nu taun 1776 ngadegkeun musieum. Salasahiji koleksina: naskah kropak 421 nu sanggeus nagara urang merdéka jadi koleksi Perpustakaan Nasional.
Undang A. Darsa nyebutkeun, naskah kropak 421 ngagunakeun tilu basa, basa Sunda kuna, basa Jawa jeung basa Arab. "Ku kituna dina naskah kropak 421, aksara Sunda kuna lain ngan ukur dipaké keur nulis basa Sunda kuno, tapi ogé dipaké keur nulis basa Jawa jeung basa Arab. Ieu teu kapanggih dina naskah kuno séjénna," pokna.
Undang Darsa nyebutkeun naskah Kropak 421 eusina béda-béda, dina katalogna disebutkeun naskah campuran (gemengd). Ku Undang Darsa jeung ku Édi S. Ékadjati diwilah-wilah jadi opat bagéan. "Bagean ka-1 eusina silsilah turunan Prabu Siliwangi tepi ka tokoh-tokoh jaman Islam, ti mimiti Prabu Siliwangi tepi ka Raden Mariyu," pokna
Bagéan ka-2 eusina mangrupa palakiah Aji Cakra dina nyorang kahirupan. Bagéan ka-2, nyabit soal Rancamaya: Ngaran lemah cakil/ Sri Man Sri Wanacana/Sri Baduga Maharaja/Sang Ratu Hyang Banaspati/nu nyahleur di Rancamaya/di tutug Watubesi. "Lian ti éta, dina ahir naskah disabit-sabit ngeunaan Mekkah jeung asma Alloh," cek Undang Darsa.
Bagéan ka-3 ajaran titinggal méméh Islam asup ngeunaan hakékat manusa. Disebutkeun ieu ajaran téh palakiah titinggal Hyang Niskala (Wastukancana). "Bagéan katilu leuwih merenah mun disebut palsapah ngeunaan hirupna manusa, medar soal hakekat manusa di alam dunya nu kudu bebekelan sangkan engké dina mulangna deui ka alam kalanggengan ayana dina kasalametan, bisa hirup mulya di alam kalanggengan," cek Undang Darsa.
Ari bagéan ka-4 ngeunaan ajaran agama Islam, ti mimiti sahadat, solat, jeung tatacara solat. Dimimitian ku basmalah jeung sahadat diteruskeun ku pedaran ngeunaan kaagungan Allah SWT jeung pujian-pujian keur Kangjeng Rasulullah. Disebutkeun, pedaranana holna ti Pangéran Sumanagara.
Palsapah nu dipedar dina bagéan ka-2 jeung bagéan ka-3, cek Undang Darsa, teu patojaiah jeung ajaran Islam. "Contona wae bagéan ka-3 kaunggel sawetuna ti tan hana, salawasna nyarita di bwana, mangkana nepi ka mangkana, dongkap ka mangsa, pulang deui ka tunnana. Hartina manusa téh tadina euweuh sarta bakal balik deui ka asal," pokna.
Lian ti kitu, cek Undang Darsa, tina bagéan ka-2 jeung bagéan ka-3, témbong urang Sunda mah saencan Islam datang geus nganut paham monotaisme (percaya Nu Maha Kawasa ngan hiji). "Nu matak Islam ditarima ku masarakat Sunda, jeung teu anéh deuih mun disebutkeun Sunda téh Islam, Islam téh Sunda, da mémang sajalan," pokna.
Undang Darsa ngaharepkeun eusi naskah kropak 421 dimasarakatkeun sangkan dipikanyaho. "Pikeun némbongkeun ajaran katuhanan di Sunda oge geus luhung, sarta antara ajaran katuhanan méméh Islam jeung ajaran katuhanan Islam sajalan. Sigana, éta sababna pedaranana dihijikeun dina naskah," pokna.
Drs. H. Érwin Hérmawan, inohong Ciamis nu neuleuman kana kasundaan, sapamadegan jeung Undang Darsa. "Mémang naskah-naskah buhun téh kudu diguar, terus dimasarakatkeun, ngarah urang, urang Sunda, teu pareumeun obor, jeung batin urang leuwih beunghar, sarta bisa leuwih ngantebkeun kaislaman urang," pokna.
Ieu Kepala Tata Usaha Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Kabupaten Ciamis nyebutkeun nalungtik, ngaguar jeung ngamasarakatkeun eusining naskah buhun nu aya di urang, matak ngahudang kareueus. "Hanjakalna di urang mah tacan tepi ka kitu, guaran naskah heubeul tacan disebarkeun ka masarakat," pokna.
Di Tatar Galuh, di Ciamis, cek H. Érwin loba keneh nu kudu diguar jeung diungkab. "Ajaran-ajaran titinggal karuhun urang kacida pisan hadéna mun diéstokeun téh. Karuhun urang mah teu ninggalkeun nu sipatna material, tapi mangrupa papagon nu leuwih luhur ajenna. Contona waé, eusi prasati Astana Gedé jeung eusi naskah kropak 421," pokna.* NS Priyatna-kisuta.com


