Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Esey

Ngabaladah Nyusun Kamus Utama Basa Sunda

Sabtu, 2 Maret 2013

BASA teh salasahiji ciciren bangsa. Tarekah mulasara basa, lian ti mindeng ngagunakeunana dina unggal kasempetan katut ngawanohkeun ka masarakat ti anggalna keneh, oge kudu aya media pikeun ngadokumentasikeun kabeungharan kecap-kecap nu aya dina eta basa. Minangka unsur penting budaya, tetela basa teh bisa jadi wahana geusan ngajaga jeung ngamumule budaya.

Dokumen gambaran atawa rekaman kahirupan budaya masarakat, salasahijina nyaeta aya dina kamus. Kamus bisa ngebrehkeun dinamika kamajuan peradaban masarakat. Eksistensi kamus, ilaharna boga pasipatan sewang-sewangan. Lir ibarat sipat cai peuyeum ketan, nu pajah leuwih ngeunah mun geus diantep rada lila. Kamus bakal leuwih hade mun digunakeun kalawan noron tur ditarekahan malar terus dibebenah.

Da dihenteu-henteu ge, kamekaran kamus teh kudu bisa ngigelan kamajuan jaman. Kalawan usaha penyusun jeung kontribusi ti masarakat, mangka dipiharep kamus mingkin hade tur leuwih lengkep. Kamus bakal tetep dipake, digunakeun jadi bahan referensi, tur jadi dokumen nu ngagambarkeun kaayaan masarakat, kalawan bisa ngadumanis jeung kamajuan jaman.

Kitu di antarana nu jadi runtuyan jejer jeung ide nu kaguar dina sawala Nyusun Kamus Utama Basa Sunda “Widang Hukum dina Kamus Sunda Mutahir”, di Aula Redaksi Harian Umum “Pikiran Rakyat”, Jln. Soekarno-Hatta, Kota Bandung, Rebo (11/7). Eta sawala nu dipokalan ku Pusat Studi Sunda (PSS), Universitas Padjadjaran (Unpad), jeung PT Kiblat Buku Utama teh, dihadiran ku sababaraha ahli linguistik, sastrawan-budayawan, mahasiswa, katut ondangan sejenna. Demi nu jadi panyaturna mah nyaeta praktisi hukum nu oge penyair Surachman RM, katut Rachmat Taufiq Hidayat.

Hirup kumbuh Basa Sunda teu bisa leupas tina rupa-rupa kamekaran dinamika parobahan jaman. Ku kituna kamus basa Sunda ge kudu ieuh bisa ngigelan kamajuan jaman. Hususon dina widang hukum, Surachman netelakeun, kekecepan widang hukum dina kamus Sunda estu masih culcel keneh. Upamana dina Kamus Basa Sunda R. Satjadibrata (KBSRS), di antarana wae, teu acan aya kecap-kecap: abolisi, abolisionis, adopsi, advokat atawa adpokat, alibi, amandemen, amnesti, benum, birokrasi, borgol, borogod, daolat, debat, debitor, eksekusi, eksepsi, fakta atawa pakta, firma, grasi, gratifikasi, interogasi, justisi, konstituante, lapas, mahkamah, notaris, oditur, palacidra, qadha, renten, republik, sentral, undang-undang, veto, visum, katut vonis.

“Eta ge aya kecap-kecap nu geus aya, tapi kateranganana kurang cukup atawa kateranganana lain hukum, upamana kecap adat, akad, akteu, bui, cangkalak, dakwaan, boroh, kapiat, nikah, jaksa, panjara, riba, rampas, sita, yayasan, jeung yuri,” pokna.

Kumaha kaayaanana dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS) beunang Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS)? Dibandingkeun jeung KBSRS, rada aya onjoyna. Eta hal alatan ku dua ku tilu. Di antarana wae, nu nyusun KUBS mah diwengku ku Tim. Gelarna ge apan leuwih leuir ti KBSRS. Atuh teu saeutik kateranganana teh leuwih mutahir lantaran dianyarkeun luyu jeung kaayaan waktu digelarkeunana eta kamus. Loba nu can aya dina KBSRS aya dina KUBS, sarta kateranganana leuwih panjang. Moal salah deui, kekecapan dina widang hukum nu geus aya dina KBSRS bisa dipastikeun aya rengkolna dina KUBS.

“Ngan wae, lamun dititenan leuwih titen, bakal kapanggih katerangan dina KUBS peresis pisan atawa meh peresis jeung katerangan nu aya dina KBSRS, tepi ka urang bisa nyindekkeun, boh alatan samporetna waktu boh alatan aya sawatara anggota Tim nu tilar dunya, aya kalana gawe Tim beh dieu ngan ukur mindahkeun kekecapan katut kateranganana nu aya dina KBRS kana KUBS. Najan kitu, urang teu bisa ngaremehkeun jasana Tim LBSS dina ngagelarkeun KUBS,” ceuk Surachman.

Kumaha ari dina Kamus Basa Sunda RA Danadibrata (KBSRAD)? Saenyana mah beunang disebutkeun, kekecapan dina widang hukum dina KBSRAD teh memang leuwih lengkep batan nu aya dina dua kamus samemehna. Sok sanajan kitu, meh sakabeh kekecapan nu ngandung ma’na hukum atawa nu aya pakuat-pakaitna jeung hukum tea masih kurang nyumponan, boh hartina boh kamutahiranana. Mangkaning kapan hukum tinulis mah, utamana instrumen sahandapeun wet (undang-undang), di urang mah ngagulidag teu suda-suda, bari langka pisan diamandemen kalawan parsial, teu saperti di batur.

Di batur mah sakumna instrumen teh dipulasara jeung dipiara malar teu tinggaleun jaman. Nya kitu ari di urang mah, jiga nu brol cul wae. Sanggeus diborojolkeun, diculkeun. Antukna, di mana geus karasa pisan tinggaleunana, kakara we pamarentah jeung DPR ngarasa perelu ngaamandemen hiji instrumen sagemblengna atawa sacara komprehensif. Eta hal teh ngalangkang pisan dina eusi kamus hukum dina basa Indonesia. Teu saeutik definisi hiji kecap rupa-rupa pisan ma’nana, sakapeung malah antara undang-undang nu aya patula-patalina ge kawas hirup pahare-hare, teu nyambung. Tangtu wae eta teh bakal nyulitkeun ahli hukum lagu nyieun hiji pedaran hukum.

“Ku kituna munasabah urang kudu ngaanyarkeun jeung ngeuyeubkeun kekecapan widang hukum nu aya dina KBSRAD, KBSRS, katut KUBS, pikeun nyusun kekecepan widang hukum dina Kamus Utama Basa Sunda nu ayeuna keur digarap. Najan aya kekecapan widang hukum, eta kamus teh ulah ieuh jadi kamus teknis hukum, tapi sipatna umum nu bisa ngebrehkeun istilah-istilah hukum,” ceuk Surachman.

Basa sastrawan HM Usep Romli ngaguar sual kekecapan dina widang hukum adat jeung rupa-rupa istilah hukum nu asalna tina basa Belanda atawa basa Arab tur ilahar digunakeun dina kahirupan sapopope urang Sunda, ceuk Surachman teh “Widang hukum mungguh lega ambahanana, bisa diwilah-wilah deui luyu jeung spesialisasina, aya hukum formal, hukum adat, hukum tinulis, oge hukum agama. Eta kekecepan ge bisa asup kana entri kecap dina Kamus Utama Basa Sunda”.

Ahli linguistik ti Fakultas Ilmu Budaya (FIB) Unpad Cece Sobarna miharep malar ka hareupna kamus Sunda teh mingkin leuwih mundel jeung bisa ngigelan arus globalisasi. Di sagedengeun eta, husus kekecapan dina widang hukum, kudu disarungsum deui kalawan leuwih jero neuleuman referensi data-data istilah hukum. Kitu deui Teddy Muhtadin ge, manehna nodel sual cara nyusun entri-entri kecap pikeun pikamuseun tea ku cara ngadata kecap-kecap nu ilahar digunakeun dina kahirupan masarakat Sunda.

Sual tarekah nyusun Kamus Utama Basa Sunda, Rachmat Taufiq Hidayat ti penerbit Kiblat Buku Utama netelakeun, salila opat puluh taun ka tompernakeun, can aya deui kamus Sunda nu anyar nu disusun geusan nyanghareupan kamekaran kontemporer. Ku kituna kalintang pentingna pikeun nyusun kamus basa Sunda mutahir teh. Target Kamus Utama Basa Sunda nu keur disusun teh nyaeta ngawadahan 200 rebu entri. Tapi geuning, tepi ka Maret 2012 wae geus aya 136 rebu entri, jeung tepi ka kiwari geus ngahontal 215 rebu entri. Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) edisi ka-4 pedalan Pusat Bahasa wae, ukur aya 90 rebu entri jeung sub-entri.

“Tetela, sanajan kudu disarungsum deui ge, kecap-kecap nu aya dina kamus basa Sunda teh leuwih beunghar,” pokna.

Pikeun ngeuyeuban ma’na kecap dina Kamus Utama Basa Sunda, engkena baris dilengkepan ku gambar atawa sketsa, minangka nu ngebrehkeun kalawan visual. Ayeuna geus tepi ka 2.000 gambar. Eta kamus lain wae ngawadahan istilah-istilah widang hukum, tapi oge ngawengku istilah-istilah dina paelmuan sejenna, kumplit jeung istilah ilmiahna, kayaning widang astronomi, farmasi, botani, ekonomi, kasehatan, kadokteran, geologi, teknologi, jeung sajabana.

“Bahan dasar sumber-sumber data pikeun Kamus Utama Basa Sunda teh, lian ti sarebu buku teks, koran, atawa majalah, oge tina kekecapan heubeul. Sakur kecap nu digunakeun dina masarakat Sunda, boh lema boh sub-lema, baris diasupkeun kana entri ieu kamus. Tangtu wae bari dilengkepan ku pedomanna, katerangan asal-usul, jeung kontekna. Bisa disebut Kamus Utama Basa Sunda teh kamus semi ensiklopedia,” ceuk Rachmat.* Rameli Agam-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya