Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Drama

Kabayan Ngalanglang Jaman (6)

Minggu, 3 Maret 2013

SUASANA BANDUNG KALÉR TAUN 275O MASÉHI.

CAI CAAH TINA MUSIBAT LA NINA RATUSAN TAUN KALARUNG GEUS NILEMKEUN  KOTA BANDUNG, TEPI KA KOTA BANDUNG TÉH --UTAMANA NU AYA DI WEWENGKON-WEWENGKON NU AYA DI PADATARAN RENDAH—GEUS ROBAH JADI DANO; DANO BANDUNG NGARANNA.

DI HIJI PADATARAN NU LUHUR, NU TEU KAKEUEUM KU CAI, NYAÉTA DI PONCLOT GUNUNG TANGKUBANPARAHU, SANGKURIANG DIUK DINA BATU LAMPAR, PASEMONNA ALUM NGUNGUN. PIKIRANANA KEUR EUWEUH DI DINYA: NGAWANG-NGAWANG TEUING KA MANA.

TEU JAUH TI SANGKURIANG, DINA AMPARAN JUKUT RIUT, PROF. KABAYAN NANGKARAK BENGKANG NGAREUREUHKEUN KACAPÉ, BARI PIKIRANANA MAH SARUA JEUNG SANGKURIANG: NGAWANG-NGAWANG.

DUANANA PAHENENG-HENENG.

 

PROF. KABAYAN

(NGAGERENTES,  NGUMBAR LAMUNAN)

Teu pupuguh urang téh, nya, Ki Sangkuriang...

SANGKURIANG

(ASA KAGEBAH)

Héh, naon?

PROF. KABAYAN

Enya, urang. Bet teu pupuguh urang nyasar ka dieu.

SANGKURIANG

Naha bet balik deui ka jaman kula, nya? Tapi ka marana ari Gulang-gulang...?

PROF. KABAYAN

(HUDANG)

Is, ieu mah béda jaman, Ki Sangkuriang. Ari tempatna mah, enya. Kapan ieu téh Ponclot Gunung Tangkubanparahu, lain? Tempat andika gumelar tur digedékeun. Tapi, jamanna béda. Bédana gé rébuan taun atuh! Tah, nu ayeuna keur disanghareupan ku urang mah, maju rébuan taun sabada andika ngabendung situ.

SANGKURIANG

Ah, ngaco andika mah! Piraku jaman nu bédana rébuan taun, taya robahna. Asa angger kénéh kieu, da.

PROF. KABAYAN

Enya, cék pangrasa, éta téh. Kungsi saenyana mah Dano Bandung téh jadi kota nu dilingkung ku gunung-gunung. Kotana éstu maju. Industri jeung perniagaanana, kungsi sohor ka mancanagara. Ngan hanjakal, di antara pangeusina nu jalujur téh, aya ogé anu julig. Nepi ka pangbuian ogé pinuh ku jalma sakitan wungkul.

SANGKURIANG

Ngaranna gé hirup atuh, Ki Kabayan. Teu sakabéh jalma boga polah anu hadé.

Ké, Ki Kabayan, bieu disabit-sabit Dano Bandung. Nu mana téa éta téh...?

PROF. KABAYAN

Kapan éta téh situ nu ku andika dibendung téa. Ku lantaran ku andika dibendung, nya dingaranan wé Bandung. Tah, mun ayeuna mah itu, tuh, Dano Bandung téh… (NUDUHKEUN KA HIJI TEMPAT DI JAUHNA)… nu geus nilemkeun Kota Bandung.

SANGKURIANG

Tapi ku naon atuh, nya, kota téh bet jadi dano deui?

PROF. KABAYAN

Kapan kungsi aya La Nina ka dieu...

SANGKURIANG

La Nina? Saha, atawa naon La Nina téh? Buta, atawa siluman?

 

PROF. KABAYAN

Is, lain. Bakal panjang, lah, mun dicaritakeun mah. Pondokna mah, musibat alam wé!

Tah, ratusan taun ka tukang,  La Nina téh nilemkeun Kota Bandung nepi ka jadi kieu. Jadi balik deui ka asal, sakumaha jaman andika rébuan taun ka tukang.

Andika nyaho, teu, taun sabaraha ari ieu?

(SANGKURIANG GIDEUG)

Taun 2750 maséhi, Ki Sangkuriang! (DITEGESKEUN, KAWAS DIÉJAH) Ta-un du-a ré-bu tu-juh ra-tus li-ma pu-luh maséhi! Bayangkeun ku andika!

SANGKURIANG

Basa urang duaan nganjang ka alam jaman Kumpeni, ka Batawi, éta taun sabaraha tah?

PROF. KABAYAN

Éta téh abad ka-18. Mun diitung ku taun mah, antara taun 1813 nepi ka taun 1850 maséhi.

SANGKURIANG

Beu, ana kitu mah jauh teuing atuh lalampahan urang téh, nya?

Ké heula, Ki Kabayan… Nyaho ti mana andika, ayeuna taun 2750 maséhi? Kapan euweuh nu ngabéjaan ka andika, da di dieu mah euweuh jelema ari lain urang mah. Leuweung geledegan kieu atuh! Ari jaman Kumpeni, kaharti andika nyaho taun gé, da tangtu aya nu ngabéjaan.

PROF. KABAYAN

Ih, ari andika! Kapan dina layar monitor nu aya dina mesin waktu téa. Nganjang ka jaman mana baé gé, éta layar monitor téh pasti ngabéjaan, taun sabaraha jaman nu ku urang  keur dianjangan.

 

JÉP SAJONGJONGAN. DUANANA PAHENENG-HENENG DEUI. TILEM DINA ALAM PIKIRANANA SÉWANG-SÉWANGAN.

 

PROF. KABAYAN

(NGAGERENTES, BARI ANGGER NGUMBAR LAMUNAN)

Asa sépi, nya, jaman téh? Asa euweuh jalma saurang-urang acan!

JEMPÉ DEUI BAÉ. SANGKURIANG TEU LEMÉK.

PROF. KABAYAN

Kieu galagatna mah, urang balik wé yu, ah. Jadi inget ka Si Iteung kami mah.

SANGKURIANG

Saha Si Iteung téh?

PROF. KABAYAN

Pamajikan! Ari ka pamajikan mah inget wé,  najan manéhna sok maséaan gé. Nineung ku céréwédna, puguh!

SANGKURIANG

Apal jalan balik, kitu? Maksud téh, naha éta mesin waktu kira-kirana bisa mawa deui balik ka jaman andika?

PROF. KABAYAN

Teuing atuh. Da éta mesin téh kuma kahayang manéhna, da can sampurna dijieunna gé atuh. Jadi, rék ka jaman naon baé gé, teu bisa diatur ku urang. Éstu kumaha karepna! Ngan nyaho-nyaho geus ngajeblag wé angka taun dina layar.

SANGKURIANG

Atuh meureun urang téh bakal kasasar deui, nya, ari kumaha karep mesin waktuna mah?

PROF. KABAYAN

Nyéta puguh, kami gé bingung. Ari di dieu waé, da euweuh kahirupan, geuning. Tapi, rék usaha wé, ah. Mending gé usaha heula, batan kudu cindekul di dieu mah. Ari andika kumaha, Ki Sangkuriang?

SANGKURIANG

Kula mah rék di dieu  wé, ah. Da jamanna gé sarua geuning jeung jaman di mana kula kungsi ngedalkeun kacinta ka Nyi Dayang Sumbi. Atuh suasanana gé sarua deuih, sepi, teu réa riributan.

PROF. KABAYAN

Euh, rék nostalgia, meureun, nya? Ngumbar panineungan?

SANGKURIANG

Kitu ongkoh deuih. Tapi, nu sidik mah, rék ngalanglang jaman mana baé gé, nasib kula mah tangtu bakal kieu terus. Moal panggih jeung Nyi Dayang Sumbi. Dina panggihna, tangtu moal bisa ngajodo. Geus takdir kula meureun kudu kieu, kudu hirup ngajomlo da tetep satia ka Nyi Dayang Sumbi.

 

PROF. KABAYAN

Sukur andika percaya kana takdir. Enya, geus takdirna meureun kudu kitu.

Jadi, andika téh keukeuh rék di dieu baé?

(SANGKURIANG UNGGEUK)

Moal kaduhung hirup sosoranganan?

SANGKURIANG

Da ti baheula gé, kula mah sorangan deui-sorangan deui. Jadi, taya gunana milu jeung andika gé!

PROF. KABAYAN

Heug atuh ari kitu mah. Kadé, nya, sing iatna!

PROF. KABAYAN NGALÉOS MURU KA MESIN WAKTU-NA.

TEU LILA, KADÉNGÉ SORA MESIN WAKTU DIHIRUPKEUN. TULUY AYA CAHAYA ANU TINGBURINYAY TI LEBAH ÉTA MESIN.

ARI SANGKURIANG, SADITINGGALKEUN KU PROF. KABAYAN TÉH, JONGJON DEUI BAÉ NGUMBAR LAMUNAN, NGAHULENG NGARAGA MENENG. PASEMONNA ANGGER ALUM.

TEU LILA, TI TUKANGEUNANA AYA NU NYAMPEURKEUN:  HIJI  PUTRI ANDALEMI ANU GEULISNA TAYA TANDING.

KALAWAN RASA ASIH NU TAYA PAPADANA, ÉTA PUTRI TÉH NGUSAP TAKTAK SANGKURIANG.

SANGKURIANG ASA KAGEBAH. MANÉHNA NGORÉJAT, TULUY MALIK KA TUKANGEUNANA.

SANGKURIANG MUNGGUH NGAGEBEG DEMI ANU DITÉANGANANA TUR DIPIKANGENNA SALILA IEU, GEUS NYAMPAK DI DINYA.

 

SANGKURIANG

Nyi Dayang Sumbi!

NYI DAYANG SUMBI

Sangkuriang!

SAJONGJONGAN DUANANA PAADU TEUTEUP.

BEUNGEUT NYI DAYANG SUMBI NYIAK. TULUYNA TEU WASA PAADU TEUTEUP JEUNG SANGKURIANG. NYI DAYANG SUMBI MALIK, NONGGONGAN SANGKURIANG, SAKADAR NYUMPUTKEUN SEMU.

NYI DAYANG SUMBI

(BARI NONGGONGAN  SANGKURIANG)

Sangkuriang, ku naon anjeun keukeuh baé nénéangan kuring?

SANGKURIANG

Naha Nyai teu bisa ngarampa haté kuring?

NYI DAYANG SUMBI

(MALIK NYANGHAREUP KA SANGKURIANG)

Lain teu bisa ngarampa haté anjeun, Sangkuriang. Kuring gé kurang kumaha cintana ka anjeun. Nu matak kuring abur-aburan téh, kuring gé can bisa ngaleungitkeun rasa asih ka anjeun. Lain asih indung ka anak, tapi cintana wanoja ka hiji lalaki.

Baheula, waktu munggaran tepung sabada anjeun ditundung, waktu kuring can apal yén anjeun téh anak kuring sorangan, nu aya téh ukur rasa cinta hiji wanoja ka lalaki. Tapi, sanggeus kuring nyaho yén sirah anjeun aya  cedaan, tuluy kuring engeuh yén anjeun téh anak kuring sorangan, beurat ieu haté pikeun tumarimana.

Ayeuna, nu aya téh ukur rasa asih kuring minangka indung ka anak. Jadi, cék saha kuring teu bisa ngarampa haté anak sorangan?

Lamun enya anjeun boga rasa asih ka kuring, geura popohokeun éta rasa nu ngulibek dina jeroeun dada. Sing inget kana kadar!

 

SANGKURIANG

(NGARÉNGHAP JERO NAKER)

Tapi, Nyai, kumaha mopohokeunana, sedengkeun hirup asa taya gunana mun kuring teu bisa ngarangkep ka Nyai?

NYI DAYANG SUMBI

Atuh ulah reuntas harepan, Anaking. Keun wé da geus takdirna ieuh kudu kitu.

SANGKURIANG

Tong nyebut kuring "Anaking", Nyai, ieu haté asa disebitan.

NYI DAYANG SUMBI

Kapan anjeun téh anak kuring, naha mani ulah nyebut "Anaking" sagala ka anjeun?

SANGKURIANG NGAHUNTED DEUI. DITEUTEUP SEUKEUT KU NYI DAYANG SUMBI KU PANEUTEUP NU LIUH. JEMPÉ SAJONGJONGAN.  SANGKURIANG RUMAHUH.

 

SANGKURIANG

Nyai…, jadi sanggeus mangrébu-rébu taun, urang téh moal baé ngajodo, nya?

NYI DAYANG SUMBI

Sing inget, Sangkuriang, cinta nu aya di diri anjeun téh cinta napsu. Lain cinta sajati. Nu matak,  anjeun panasaran baé hayang ngawin kuring.

SANGKURIANG

Cék saha cinta napsu? Lamun cinta napsu mah, meureun geus pareum ti baheula gé! Mun angger cangcaya kénéh ka kuring, mangga, geura beulah ieu dada. Di dinya Nyai bakal manggihan cinta sajati, cinta nu saenyana.

NYI DAYANG SUMBI

Lamun cinta anjeun lain cinta napsu, moal mungkin anjeun neugtreug baé hayang ngawin kuring. Kapan geus nyaho kuring téh indung teges anjeun.

Lamun cinta anjeun lain cinta napsu, moal mungkin anjeun teu bisa mopohokeun kuring.

Lamun cinta anjeun lain cinta napsu, moal mungkin anjeun teu pasrah kana kadar.

(JEP SAKEDAPAN. SANGKURIANG TEU LEMÉK).

Sangkuriang, sing inget, lamun di antara urang laksana kawin, kauntun tipung katambang béas, éta bakal nimbulkeun dosa gedé. Sakumaha nu kaalaman ku Oidipus di Yunani, kapan tepi ka aya istilah Oidipus Compléx sagala.

SANGKURIANG

Oidipus Compléx?

NYI DAYANG SUMBI

Enya, Oidipus Compléx. Pangna disebut Oidipus Compléx, lantaran lamun jadi mah, kawinna anjeun ka kuring téh teu béda ti kawinna Oidipus ka Jokaste, sanggeus manéhna maténi bapana sorangan, Raja Laius. Naon nu kajadian? Panyakit pés di mana-mana, tepi ka sakuliah nagri kaancam. Tah, éta panyakit pés téh bisa leungit lamun nu maténi Raja Laius kapanggih tur ditibanan hukuman. Lantaran asa milu dosa, Jokaste, nyaéta indungna nu dikawin ku Oidipus téa, maéhan manéh. Atuh Oidipus-na gé, ngahukum sorangan ku cara nyongkél matana ku perhiasan anu Jokaste, indungna sakaligus pamajikanana. Éta kajadian nu matak ngageunjleungkeun Kota Thébe di Yunani téh, dipaké ilham ku Freud pikeun nyieun karya ilmiahna ngeunaan Psikoanalisa.

SANGKURIANG

Freud?

NYI DAYANG SUMBI

Enya, ilmuwan anu ngulik kajiwaan Oidipus pangna bisa ngawin indungna. Nya tuluyna mah sohor wé tiorina anu disebut Oidipus Compléx téa.

Tah, naha anjeun hayang, kajadian kawas nu kaalaman ku Oidipus téa, kaalaman ogé ku anjeun?

SANGKURIANG NGAHULENG SAKEDAPAN.

SIMPÉ.

 

SANGKURIANG

Tapi, Nyai, haté bet keukeuh baé hayang mikacinta anjeun. Taya deui nu aya dina diri kuring iwal ti rasa cinta nu sakitu ngabebelana. Kasawang baheula, kumaha toh-tohanana kuring ngabendung situ pikeun lalayaran urang duaan. Nu kacipta harita, meureun bakal éndah pisan lamun urang jadi lalayaran. Emh, meureun dunya téh asa nu duaan wé... Kacipta meureun peuting-peuting waktu urang lalayaran, bulan ngangkleung di langit wening...

NYI DAYANG SUMBI

Tah, di dinya héngkérna anjeun téh. Loba ngumbar panineungan. Loba ngumbar romantismeu céngéng. Hirup téh lain saukur ngagugulung baé cinta, Sangkuriang, da aya nu leuwih utama batan éta.  Lamun hirup hayoh baé ngagugulung cinta, anjeun bakal tinggaleun. Hayoh wé ngulibék di dinya kénéh-di dinya kénéh. Jiga keuyeup. Ngeteyep. Moal hojah atuh ari kitu mah!

JEP DEUI SAJONGJONGAN. SIMPÉ.

 

SANGKURIANG

(NGAGERENTES)

Hanjakal ditakdirkeun téh kudu kieu...

NYI DAYANG SUMBI

Tong! Tong nyalahkeun takdir! Mungguh ari hirup kapan aya nu ngatur. Urang teu bisa mawa karep sorangan. Teu bisa ngarempak aturan Gusti. Geus kapalay Gusti urang kudu kieu.

Sing inget, Sangkuriang, urang mah teu bina ti wayang. Sagala paripolah urang éstu kumaha dalang. Mun téa mah urang laksana ngajodo, éta gé mungguh Gusti anu ngatur.

SANGKURIANG

Mun kitu mah, taya gunana deui kuring aya di dieu...

(GEJLIG INDIT).

NYI DAYANG SUMBI

Rék ka mana ari anjeun?

SANGKURIANG

(NGARANDEG, SAKEDAPAN NEUTEUP SEUKEUT KA DAYANG SUMBI)

Rék ngalalana. Rék nengtremkeun ieu haté.

DINA LÉNGKAH NGAGEDIG BARI NAHAN KAPEURIH HATÉ, SANGKURIANG NGALÉOS TI DINYA, DITUTURKEUN KU PANEUTEUP NYI DAYANG SUMBI NU BIJIL CIMATA.

TAPI KAKARA GÉ SABABARAHA LÉNGKAH, NYI DAYANG SUMBI TEU KUAT NYINGLARKEUN KASEDIH HATÉNA.

 

NYI DAYANG SUMBI

Sangkuriang... !

REG DEUI SANGKURIANG NGARANDEG. MALIK. NEUTEUP SEUKEUT KA NYI DAYANG SUMBI.

NYI DAYANG SUMBI GEUWAT MURU KA MANÉHNA, BARI TULUY NGAGABRUG. NGAGUKGUK CEURIK DINA DADA SANGKURIANG.

NYI DAYANG SUMBI

Sangkuriang, ulah indit. Naha anjeun téga ninggalkeun kuring?

Teu nanaon kuring dikawin ku anjeun, asal anjeun sadia marengan kuring nepi ka puput umur...

NYAKSIAN ADEGAN KITU, SUTRADARA SUP KA PANGGUNG, NYAMPEURKEUN PAMAÉN SANGKURIANG JEUNG DAYANG SUMBI NU KEUR SILIRANGKUL. PASEMONNA NGEMU AMARAH.

SUTRADARA

Beu, aing mah! Euweuh dina naskahna atuh euy, adegan éta mah! Hayoh deuih Nyi Dayang Sumbi daék dikawin ku Sangkuriang...! Atuh  ngaruksak moral, euy...! Tadi geus alus, puitis, jeung aya pesan moralna... ieu kalah diruksak ku adegan panutup modél kieu. Abong kéna jeung kabogohna, siah! Rék bobogohan mah luareun panggung wé atuh, euy! Teu profésional, siah! Uyuhan wé teu éra ku nu lalajo! Geus, ka ituh, geura bubar, éra tuh ku batur!

PAMAÉN SANGKURIANG JEUNG PAMAÉN DAYANG SUMBI, BARI JEUNG KALAMAS-KÉLÉMÉS LANTARAN ÉRA, NGALÉOS TI DINYA. DITUTURKEUN KU PANEUTEUP SUTRADARA NU TEU EUREUN-EUREUN GOGODEG.

 

SUTRADARA

Beu, beu, beu, tepi ka kituna anak-anakan!

(TULUY KA NU LALAJO)

Tah, kitu geuning para panongton…

 

CAN GÉ ANGGEUS SUTRADARA CUMARITA, TI LUAR KADÉNGÉ SORA PARASÉANA NYI ITEUNG JEUNG KABAYAN.

SUTRADARA GEUWAT NYINGKAH, DIUK DI JURU, NGADÉDÉNGÉKEUN BARI TEU WELÉH  GOGODEG.

 

 NYI ITEUNG

(TI LUAR)

Kabayan, Kabayan, Kabayan…!

KABAYAN

(TI LUAR)

Ari nyanéh, Iteung, gawé téh ngan ceuceuleuweungan baé…! Ka salaki téh lain aya hurmatna, nyanéh mah… 

 NYI ITEUNG

(TI LUAR)

Manasina Jéndral dihurmat-hurmat, da ieu mah prajurit gé lain. Kalah hayoh wé ngablu, teu inget ka pamajikan parabaneun, siah!

KABAYAN

(TI LUAR)

Meunggeus, ah, gandéng! Éra siah ku tatangga. Lain kadua ngajénan siah ka salaki téh, nyanéh mah. Meunggeus, aing lapar!

(SUP KA PANGGUNG)

 

NYI ITEUNG

(TI LUAR)

Ké heula, diajak nyarita téh kalah ngaléos.

KABAYAN

Lain ngajak nyarita, siah, nu kitu mah. Ngajak paséa, deuleu!

(NGALÉOS NINGGALKEUN TEMPAT KA LEBAH NU BALAWANAN JEUNG LEBAH ASUPNA TADI)

TI LUAR, NYI ITEUNG MALÉDOGKEUN SELOPNA KA PALEBAH KABAYAN. TAPI TEU MENERAN, LANTARAN KABAYAN GEUS KABURU NGALÉOS TI DINYA.

SUP NYI ITEUNG KA PANGGUNG, MAKSUDNA RÉK NGUDAG KABAYAN, TAPI TULUYNA NGARANDEG DI TENGAH-TENGAH PANGGUNG, LANTARAN TI LUAR UJUG-UJUG BAÉ KADÉNGÉ SORA KABAYAN GEGELENDENG.

 

KABAYAN

(TI LUAR)

Teu euweuheun teuing boga pamajikan téh. Aya ku ayana di imah, hantem wé maséaan. Ari mantog, éh kalah diceungceurikan. Beu, beu…

(NYOROWOK TI LUAR) Yeuh, jikan…, salaki téh kuduna mah wajib dihurmat-hurmat, wajib diajénan.

NYI ITEUNG

(MASIH ANGGER DI TEMPATNA, DI PANGGUNG, MELONGKEUN KA LEBAH DATANGNA SORA KABAYAN)

Heueuh, da pamajikan mah loba wajibna batan hakna, nyah?

KABAYAN

(TI LUAR)

Hak? Hak nanahaon? Apan boga hak gé ku nyanéh mah bet dibalang-balangkeun. Tuh, ténjo selop nyanéh , éta buktina nyanéh teu ngahargaan hak sorangan, deuleu!

Meunggeus siah, ah. Aing lapar! Hayang nyatu. Da moal seubeuh ku dipaséaan, siah!

NYI ITEUNG

(TI TEMPATNA, NYOROWOK KA LUAR)

Tong waka nyatu siah, Kabayan, kéjo keur Si Abah éta mah!

(NGALÉOS KA LUAR,  KA LEBAH NGALÉOSNA KABAYAN)

SUTRADARA NU TI TATADI NYÉRANGKEUN DI JURU BARI TEU WELÉH GOGODEG, GEUWAT CENGKAT, NGALÉNGKAH KA TENGAH PANGGUNG, NYANGHAREUP KA NU LALAJO.

SUTRADARA

Tah, panongton, kitu geuning…!

CAG,  DIPUNGKAS DUGI KA DIEU. 

 

 Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya