Perang Bubat, Kidung Sunda, jeung Majapahit
"Hé Gajah Mada, naon maksudna anjeun gedé bacot ka kami? Kami mah rék mawa Rajaputri, sedeng anjeun kalah miharep kami mawa upeti kawas ti Nusantara. Kami mah béda. Kami urang Sunda, can kungsi éléh perang.
Kawas nu poho baé sia baheula, nalika anjeun keur perang di wewengkon pagunungan. Perang campuh diuudag urang Jipang. Terus patih Sunda datang deui tepi ka pasukan dia mundur.
Mantri sia nu dua nu ngaranna Les jeung Beleteng dikadék nepi ka paéh. Pasukan sia bubar jeung kalabur. Aya nu labuh ka jurang sarta ti kakarait kana cucuk rungkang. Maranéhna paéh kawas lutung, owa, jeung setan, lalumengis ménta hirup.
Ayeuna sia gedé sungut. Bau sungut sia kawas kasir, kawas tai anjing. Ayeuna kahayang sia teu sopan sarta hianat. Nuturkeun ajaran naon salian ti hayang jadi guru nu ngabohong jeung milampah rucah. Nipu jalma budi hadé. Mun paéh, roh sia bakal asup naraka!" (tarjamahaan tina Kidung Sundayana)
*
KIDUNG Sundayana, salahsahiji karya sastra Jawa Tengahan, téh sumber sekundér sajarah ngeunaan Perang Bubat (1357 M.) dina wanda macapat (dangding). Kapanggihna ti Bali meh dua abad sanggeus kajadian Perang Bubat. Tacan jentré naha dijieun di Bali atawa meunang mawa ti Pulo Jawa, saha nu nganggitna ogé tacan kaungkab.
Prof Dr. C.C. Berg, urang Belanda, ahli kasusastraan Jawa, manggih sababaraha vérsi Kidung Sunda, di antarana Kidung Sunda jeung Kidung Sundayana (Lalampahan [urang] Sunda). Kidung Sunda nu di Bali disebut Geguritan Sunda eusina leuwih panjang batan Kidung Sundayana. Lian ti éta ajén kasusastranana leuwih luhung batan Kidung Sundayana.
Kidung Sunda ngébréhkeun saméméh rombongan karajaan Sunda miang maké jalan laut, dijajapkeun ku dua rébu kapal (kaasup kapal laleutik). Kulawarga raja tumpak kapal jung tatar (Mongol/Cina) nu ilahar dipaké satutasna perang Wijaya (bait 1. 43a.). Waktu naraék kapal, kulawarga raja téh nempo kila-kila nu teu pihadéeun
Kila-kila goréng téh mémang kajadian. Gajah Mada milampah sagala rupa cara keur ngahontal udaganana sakumaha dina sumpah (amukti) Palapa nu geus dikedalkeunana: Méngkolkeun maksud rajana, Hayam Wuruk jeung Raja Sunda, Linggabuana. Anu tadina Raja Sunda rék bébésanan ku Gajah Mada diréka jadi tanda talukna Raja Sunda.
Dina kitab Pararaton disebutkeun: "Sira Gajah Mada pepatih amungkubumi tan ayun amukita palapa, sira Gajah Mada; Lamun huwus kalah nusantara ingsun amukti palapa, lamun kalah ring Gurun, ring Seram, Tanjungpura, ring Haru, ring Pahang, Dompo, ring Bali, Sunda, Palembang, Tumasik, samana ingsun amukti palapa "
Tarjamaahanana; Manéhna Gajah Mada nu jadi patih amangkubumi moal dahar palapa (kasenangan), manéhna Gajah Mada: Lamun geus éléh sakabéh nusantara kuring rék dahar palapa, lamun geus éléh Gurun, Seram, Tanjungpura, Haru, Pahang, Dompo, Bali, Sunda, Palémbang, Tumasik (Singapura) waktuna kuring ngadahar palapa.
Pangna Hayam Wuruk teu wanieun merangan karajaan Sunda nu harita puseur dayeuhna di Kawali lantaran luluhur Radén Wijaya (nu ngadegkeun Majapait) urang Sunda. Turunan ti Dyah Lembu Tal nu ngadahup ka Rakeyan Jayadarma minantu Mahésa Campaka. Rakéyan Jayadarma téh lanceuk Rakéyan Ragasuci, raja di Kawali.
Silsilah ieu disebutkeun dina Pustaka Rajyatajya i Bhumi Nusantara parwa II sarga 3. Malah dina Babad Tanah Jawi, Raden Wijaya téh disebut oge Jaka Susuruh ti Pajajaran. Lian ti éta, "Harita armada karajaan Sunda téh kacida pisan kuatna," ceuk Andréas Harsono, ahli jurnalistik nu neuleuman sajarah jeung kabudayaan di Nusantara.
Kuatna karajaan Sunda disebut-sebut dina Kidung Sunda waktu utusan Sunda nyarekan Gajah Mada méméh Perang Bubat kajadian (bait 1.66b-1.68a)…Mantrimu kalih tinigas anama Les Beleteng angemasi, bubar wadwamu malayu, anânibani jurang, amurug-murug rwi, lwir patining lutung, uwak setan pating burengik, padâmalakw ing urip... Tarjamahaanana sakumaha nu kaunggel dina awal tulisan ieu.
Andréas Harsono waktu jadi panyatur dina Regional Workshop Peace Journalism in Southeast Asia: Indonesian Case nu diiluan ku wartawan ti Indonesia, Pilipina, Malaysia jeung Thailand (2-3 Desember 2006) nyebutkeun saenyana Majapait nu wilayah kakawasaanana lega teh ukur dongéng wungkul. Buktina mah henteu kitu.
"Di Jawa Barat, di Sunda aya euweuh tapak lacak Majapait, boh nu bentukna pisik boh non pisik. Malah rék ditalukeunana ku reka perdaya?" pokna tandes. Komo di tempat-tempat nu jauh ti Pulo Jawa, saperti Palémbang, Singapura, jeung sajabana. Ku kituna Andréas yakin karohakaanana Majapait aya dina lisan wungkul.
Nu matak, sahenteuna ceuk Kidung Sunda, sanggeus perang Bubat, Majapait téh muguran. Hayam Wuruk kaleleban tepi ka palastrana, pon kitu deui Gajah Mada, moksa (ngahiang). Sangggeus Hayam Wuruk jeung Gajah Mada ninggalkeun alam pawenangan mah Majapait beuki muguran nu ahirna kubra pisan.* NS Priyatna-kisuta.com


