Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sasakala Ciwasiat

Minggu, 24 Maret 2013

DI suku Gunung Karang, Éyang Siliwangi ngoréhan taneuh ku leungeun saktina. Cénah kupédah geus bosen nginum jeung mandi ku cai nu rada haseum tonggoheunna (Cihaseum). “Kula deuk nyiar sorangan piinumeun di dieu, pang deukeut kana tegal lega lebakeunna” cenah ngagerendeng.

Tujuh puluh tujuh poé, cai nyusu ngaburial hérang, ngabubulak. “Haseumna mah aya, ngeun teu pati teuin” haren. Ku lobana cai nu ngabulak, bréh wéh jadi wahangan. Ka lebakeunna ka Cikupa, Ciékék, curug nganggur, Cikolé, nepi Kadomas dijarieun sawah mayakpak. Nyaian kahirupan, ngahuripan somah ka landeuhkeun.

“Omat ieu cai wasiat kula, najan dararia geus boga sungapan anyar, ieu ulah dipopohokeun, hulap narékahanna”.

Laju Walanda ngawasa éta wilayah, cacak teu ngadéngé kokono Éyang Siliwangi, éta cinyusu dijadikeun sumber pangairan sa-district Panégelang. Towerna ngajega tepi ka kuwari. Hanjakal teu dimumulé. Aya kuburan tonggoheun wahangan, teuin Éyang, teuin lain. Nu jelas, kula cicing di lembur nu katelah Ciwasiat.* Rohendi Pandeglang-kisuta.com

Kamin:

Pang=ngarah/sangkan, ngabubulak=ngaburial, ngeun=ngan, teuin=teuing, haren=atoh, kokono=ngomong/bébéja, hulap=hésé, lila pisan, Kuwari=ayeuna


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya