Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pidato Bapa Presidén

Rabu, 30 September 2020

IEU nagara téh diwangun ku cimata, Sujang. Meunang dekal-dekul aki jeung nini: Hudang tengah peuting, ngadon abdas ku ciibun. Munajat bari nungguan nu adan Subuh. Rérés salat, ukur citéh bari nyorong kulub hui jeung bubuy sampeu. Mun keur aya, dibarungan gula kawung. Sakumaha citéh nu sok ditukeuran ku cikopi jagong. Garu jeung pacul dikeukeupan ti saencan srangéngé meleték.
Bapa manéh miang ka pasar. Ngadaraykeun kangkung jeung antanan, meunang ngundeur indung manéh ti kebon tatangga. Si mamang miang ka pasir, nugaran batu, iangkeuneun ka kota nu teuing di mana, teuing siga kumaha. “Na, ari urang kota sok nyaraba ka pilemburan?,” nini manéh tumanya satengah gundam. “Naha Bapa Presidén bet nitah hirup prihatin? Da urang mah ti baheula ge hirup téh susah?,” walon indung manéh, bari terus ngasur-ngasurkeun curuk kana kompor gas nu geus lila pareum. Di tepas, si Somad keur ngiihan télévisi nu haben muter pidato Bapa Presidén. Ti mangkukna kénéh.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya