Jawara Manglayang
SAMINGGU numpi di kamar, gurang-gerung. Imah kotka oyag bakat ku mindeng diténjragan.
Keuheul pacampur ambek kapegung. Unggal nyapék langsung ngowowong. Mata burial-buncelik nahan kanyeri. Isuk-isuk rada cageur, rada bisa barangdahar. Soréna nyanyautan deui.
Belesat ka mumunggang gunung. Aya batu sagedé munding, ditalapung. Peureupna tingbelesur ngababukan tatangkalan, rarungkad. Leungeun jeung suku pabuis metakeun jurus-jurus langka. Angin ngagelebug ka madhab papat. Nu ngamuk teu daék eureun. Gagauran jiga maung katoél kanjutna.
"Nanaonan ari manéh, Jalu? Yap, ka dieu urang ubaran ku éyang!" jol aya sora ti wiati. "Entong sok ngalajur napsu mun éléh jajatén téh," pokna deui. Rét ningali ka nu nyarita, kudupruk deku. "Ih, geuning aya Éyang Narada..," cong nyembah.
"Hapunten, Éyang! Uing teu kuat nyeri huntu," ceuk manéhna bari nyepengan gado. "Naha nyiksa tatangkalan?" pokna halon. "Teu pindo damel, nyanggakeun sadaya-daya," jawabna pasrah. "Ulah boga huntu mun embung nyeri huntu..!" ceuk Si Eyang bari terus ngaleungit deui.*
Irman N Dimyatié - kisuta.com