Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Hiji Mangsa di Hiji Tempat

Minggu, 11 Oktober 2020

UING ngahuleng kénéh. Leungeun ngeleper. Haté ngageter. Teu ngarti ku nu ujug-ujug laklak dasar. “Bayawak sia mah, Goblog!” kitu pokna, Mod. Uing asa dibéntar gelap. Garihal pisan. Bari di tengah jalan deuih. “Kadé bilih lepat, Eulis,” ceuk uing. Ngalelemu. Ras ka omongan manéh, Mod. “Ulah totomplokan teuing reueus téh, bisi tijalikeuh. Sineger tengah wé.” Ah, da henteu kitu Eulis mah. Uing apal pisan. “Wuah, moal aya nu nyaho eusi haté jelema, iwal dirina,” ceuk manéh. Keukeuh.
Léngkah jadi mandeg mayong. Tapi uing kudu ka imahna, Mod. Uing jangji ka indung-bapana. La haula, najan haté jadi nahnay. Uing uluk salam. Barang bray, indung Eulis ngadon calangap. Panonna rut-rét ka uing jeung ka lalaki nu keur uplek jeung Eulis. Ceplés pisan uing, Mod. Eulis gé milu ngoréjat, pipina dumadak euceuy. Samarpolah. “Dasar bayawak sia mah, Goblog!” ceuk nu karek puncengis. Sorana heuras. Uing rut-rét ka Eulis jeung ka manéhna. Nyeplés pisan.*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya