Kamis, 2 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Ligar Jeroning Jempling

Rabu, 26 April 2023

BULAN puasa. Jam lima sore masih keneh karasa nyengkabna. Langit lenglang. Aya papatong nu diudag-udag ku hiurna angin. Kuring diuk lebahing tepas. Dina korsi tina mahoni, korsi nu dua taun katukang sok dipake diuk bari nyerangkeun pamajikan nu nyeboran kembang. Ayeuna mah kembangna ge geus ngahiji jeung taneuh beureum. Nyeungitan waruga pamajikan nu mulang tiheula.
Rentang-rentang ti kajauhan katingali aya Ranti, anakna Ceu Eti, nu unggal sore mun bulan puasa teh sok ngiderkeun Gehu jeung Bala-bala jieunan indungna. Pireu, enya, Ranti teh pireu ti saprak dilahirkeun ge. Asa karunya, tuluy dicalukan. Kuring nyokot gehu lima, bala-bala lima "Lima ratusan?" ceuk kuring bari ngacungkeun lima ramo. Manehna unggeuk. Song kuring mikeun salambar limarebuan. Ret kana beungeutna. Gusti....geus gede geuning budak teh. Biwirna nu ipis, beureum, najan garing kabawa puasa. Ras ka si jenat, ret deui kana biwir Ranti.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya