Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sampurasun

Kurikulum 2013 jeung Basa Sunda

Sabtu, 12 Januari 2013

Dina taun ajaran 2013-2014, pamaréntah bakal maké kurikulum anyar.  Loba nu ngabagéakeun, ngan muatan lokal nu ngajarkeun basa jeung sastra daérah dina ieu kurikulum dieuweuhkeun.

JAM satengah sapuluh isuk-isuk, Kemis (20/12/12) ngaronghéap ka Sekolah Pascasarjana (SPs) Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung téh. Najan geus kawilang beurang, rohangan Program Studi (Prodi) Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda nu ngahiji jeung Program Pendidikan Bahasa Inggris pantona dikonci kénéh. Di jerona taya sasaha.

Moal kitu kapangaruhan ku rék dipakéna kurikulum 2013? Pédah dina kurikulum anyar muatan lokal dileungitkeun. Ngandung harti pangajaran basa jeung sastra Sunda ogé bakal euweuh. Mun euweuh réngkolna dina kurikulum kumaha nasib nasib basa indung atawa basa daérah? Rék dikumahakeun lulusan prodi pedidikan basa jeung sastra daérah?

Dina kurikulum saméméhna mah,  dina muatan lokal di pendidikan dasar jeung menengah anu diajarkeunana téh basa jeung sastra daérah, basa indung nu dipaké ku masarakat di hiji wewengkon. Muatan lokal di Jawa Barat: pangajaran basa & sastra Sunda; di Jawa Tengah, Yogyakarta, jeung di Jawa Timur: basa & sastra Jawa; di Bali: basa & sastra Bali.

Kurikulum 2013 ngawilah-wilah mata pelajaran, keur pendidikan dasar (SD/MI, SMP/MTs) diwengku mata pelajaran kelompok A (SD, MI: Agama, Pancasila & Kewarganegaraan, basa Indonésia,  matématika; SMP, MTs: ditambah ku IPA, IPS jeung basa Inggris) jeung kelompok B (SD,MI,SMP, MTs: seni budaya, olah raga & keséhatan, jeung prakarya).

Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan (Kemendikbud) nyebutkeun muatan lokal saenyana mah henteu dileungitkeun, tapi asup kana pangajaran kelompok A; dina mata pelajaran seni jeung budaya. Ka mana asupna basa daérah? Kemendikbud nyebutkeun basa daérah dipaké dina pangajaran seni budaya. Alesanana seni jeung budaya daérah leuwih merenah mun didadarkeun maké basa daérah.

Kalangan akademik nyebutkeun pikeun ngamumulé basa daérah teu cukup ku dipaké basa panganteur. “Di SD mémang teu kedah diajarkeun tata basa, namung di SMP sareng di SMA mah basa daérah téh kedah diajarkeun, sanés mung ukur dianggo basa panganteur dina palajaran seni & budaya,” ceuk Diding Haérudin, Ketua Program Studi (Prodi) Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda.

Ku kituna sababaraha paguron ti Jawa Barat, Jawa Tengah, Jawa Timur jeung Bali, boh negeri boh swasta ngusulkeun pangajaran basa jeung sastra daérah diasupkeun kana kurikukulum 2013. Mun ieu usulan teu ditarima, kabéh sapuk bakal ngumaha ka gubenur jeung ka DPRD-na. Basa daérah kudu angger hirup, atuh jurusan basa jeung sastra daérah kudu angger aya mahasiwaan.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya