Dina Kurikulum 2013 Sunda Bisa Leuwih Nanjeur
Teu kawas dina kurikulum méméhna, pangajaran seni budaya dina kurikulum 2013 leuwih lega ambahanana. Mun urang mampu ngeusianana budaya Sunda bakal bisa leuwih mucungul jeung nanjeur.
KURIKULUM 2013 nu bakal dipaké dina taun ajaran 2013-2014 terus-terusan diprotés. Seniman jeung budayawan ti Jawa Barat, Senén kamari (07/01) ngabring ka Senayan Jakarta, kelak ka wakil rayat pédah basa daérah dina kurikulum anyar dieuweuhkeun. Dina poé nu sarua, mahasiswa Pendidikan Bahasa dan Sastra UPI Bandung ngadongdong Gedong Saté.
Sa-Nusantara nu nolak kurikulum 2013 bari alesanana basa daérah dileungitkeun téh aya dalapan daérah, kaasup Jawa Barat. Kabéh alesanana sarua: basa daérah, salasahiji kabeungharan budaya nasional, mun teu diajarkeun di sakola bakal téréh carem, padahal ku Unesco basa étnis téh diperhatikeun pisan ku lahirna poé internasional basa Indung.
Saenyana mun ku urang diperhatikeun dina kurikulum saméméhna ogé anu ngaranna muatan lokal teu kalayan jéntré soal pangajaran basa daérah. Muatan lokal bisa waé taya patalina jeung basa, gumantung kana kapentingan unggal daérah, gumantung kana poténsi daérahna séwang-séwangan nu tangtuna ogé henteu sarua.
Dina ieu kurikulum disebutkeun jenis muatan lokal téh bisa basa daérah, basa Inggris, kesenian daérah, keterampilan jeung kerajinan daérah, adat istiadat, pangaweruh ngeunaan ciri has lingkungan alam, jeung hal-hal nu dianggap perlu ku hiji daérah. Tina kituna, basa daérah bisa disebutkeun salasahiji muatan lokal, basa daérah teu idéntik jeung muatan lokal.
Najan kitu, Propinsi Jawa Barat ngaluarkeun kawijakan muatan lokal di Jawa Barat téh basa daérah: basa Sunda, basa Betawi jeung basa Cirebon. Ti mimiti pendidikan anak usia dini (PAUD), SD, SMP, jeung SMA, diajarkeun basa daérah. Anak didik sina ngawasa, mahér jeung ngagorolang dina cacarita maké basa daérah, jeung paham tata basana.
Ku pamaréntah, dina kurikulum 2013, salian ti pangajaranana disaeutikan, muatan lokal leuwih dijéntrékeun deui, diganti jadi pangajaran seni budaya. Anu ngaranna budaya ngawengku agama, tatanan sosial, pangaweruh, basa, seni, ékonomi, jeung téknologi. Jadi, antara pangajaran muatan lokal jeung pangajaran seni budaya saenyana mah henteu béda.
“Pamaréntah teu boga maksud ngaleungitkeun pangajaran basa daérah,” ceuk Hamid Hasan ti Kementrian Pendidikan Nasional (Kemendiknas). Pangna pangajaran basa daérah henteu sacara jéntré disebutkeun dina kurikulum, lantaran henteu unggal daérah mibanda basa daérah. Anu ngaranna aturan, kudu merhatikeun kapentingan umum.
Ku ayana pangajaran seni budaya, diharepkeun budaya-budaya lokal leuwih mucunghul. Anak didik diajarkeun kasenian, adat-istiadat, palsapah lokal, kaarifan lokal jeung sajabana. Ngajarkeunana, lantaran leuwih pas jeung merenah, maké basa daérah. Jadi, ngajarkeun seni, adat-istiadat palsapah jeung kaarifan lokal otomatis ngajarkeun basa daérah.***


