Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sampurasun

Protés Kurikulum 2013: Urang Sunda Teu Percaya Diri

Minggu, 13 Januari 2013

Urang Sunda  keur krisis kapercayaan. Buktina waé nu pangharusna nyoarakeun kateupanujuan kana kurikulum anyar lolobana mah urang Sunda. Urang Jawa mah teu pati kadéngé. 

“SEBENARNYA kami juga menyesali kurikulum 2013 tidak secara jelas mengakomodir bahasa daérah, tetapi kurikulum sekolah kan hanya salahsatu alat untuk memelihara budaya étnik. Masih banyak cara lainnya, apalagi sekarang jaman otonomi daérah.” Kitu ceuk Mujid Fahrulamin, dosen di Fakultas Ilmu Budaya, Universitas Diponegoro (Undip) Semarang.

Leungitna muatan lokal dina kurikulum 2013, ceuk Mujid, henteu ngalantarankeun urang Jawa ngarasa bakal leungiteun basana, teu ngarasa bakal leungita budayana. Rék euweuh rék aya muatan lokal, ceuk Mujid, budaya Jawa kudu tetep nanjeur, kudu tetep tanggoh dina ngayonan jeung nyanghareupan pangaruh budaya luar nu sakira matak ngaruksak kahirupan.

Pamanggih nu sarua ditepikeun ku Tédi Muhtadi, ketua Program Studi (Prodi) Bahasa dan Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung. “Muatan lokal, peraturan daérah nu aya patalina sareng budaya Sunda mung ukur salasawios tarékah, masih kénéh seueur tarékah sanésna nu tiasa dijalankeun,” pokna. 

Diaku, kurikulum 2013 nu teu ngatur muatan lokal jeung basa daérah matak hanjelu. “Sanaos kitu urang teu kedah bingung. Dina kurikulum 2013, pelajaran seni budaya dipasrahkeun sagemblengna ka daérah. Sajabi ti éta Propinsi Jawa Barat parantos kagungan perda ngeunaan budaya daérah, kitu deui pamaréntah kabupatén sareng kota, kantun nagih komitmenna,” ceuk Tédi Muhtadi.

Ceuk Tédi Muhtadi, kurikulum 2013 téh kudu jadi pamecut jeung tangtangan sangkan urang leuwih soson-soson dina ngamumulé jeung mekarkeun budaya Sunda. “Urang kedah mampuh némbongkeun sanaos teu aya réngkolna dina kurikulum sakola, budaya Sunda tiasa langkung nanjeur, budaya Sunda tiasa cumarita dina pajamanan,” pokna.

Nengetan lobana urang Sunda, ku euweuhna muatan lokal dina kurikulum 2013, siga nu leungiteun cecekelan, teu saeutik nu ngarasa héran jeung anéheun. “Atuda kami mah ti bubudak tepi ka ayeuna angger maké basa Sunda,  nu dicabak ogé seni Sunda,” ceuk Taufik Hidayat, pupuhu Padépokan Penca Bunilaya Kuda Putih, Majalengka.

Mucunghulna kahariwang nuduhkeun urang Sunda keur nandangan krisis kapercayaan; henteu percaya diri mampu ngamumulé budayana bari henteu dideudeul ku palaturan pamaréntah. “Mun urang percaya diri jeung kuat nyekel budaya sorangan mah,  euweuhna  muatan lokal téh moal ieuh dipikahariwang,” ceuk Iyus, urang Ciamis. (NS Priatna - kisuta.com)***   


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya