Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Nyungsi nu Bihari

Sunda, Asalna Ngaran keur Nusantara

Minggu, 13 Januari 2013

KECAP Sunda nu ayeuna dipaké ngaran keur sélér bangsa nu nyicingan Pulo Jawa bagian Kulon (urang Sunda), ceuk sajarawan Islam Ahmad Mansyur Suryanegara, asalna mah jujuluk keur kapuloan Nusantara. "Anu méré ngaranna bangsa Arab nu jaman Khalifah Umayah jeung Abasyiah pangaruhna gedé di sakuliah dunya," pokna.

Ahmad Mansyur nyebutkeun ngaran-ngaran tempat nu aya di dunya lolobana meunang muslim Arab. "Paraulama Arab leuwih ti heula ngawasa maritim. Dina al Qur’an mémang aya 40 ayat nu eusina gedé patalina jeung dunya kamaritiman. Ahli géografi bangsa Arab di antarana Al Baruni," pokna.

Sunda, ceuk Ahmad Mansur, asalna tina sin, nun jeung dal: sanadun. Hartina, tempat pangbalikan nu beunghar ku hasil tatanén. "Anu dibéré ngaran kitu lain ngan ukur kapuloan Nusantara, tapi ogé tempat nu ayeuna disebut India jeung di Afrika. Parobahan éjaan bieu torojolna ti bangsa kolonial," pokna.

Ku bangsa Belanda sanadun disurahan jadi sunda, ku bangsa Inggris jadi shindu (pikeun nyebut bangsa India) jeung Sudan pikeun nyebut salasahiji bangsa nu aya di Afrika. "Jadi kecap Sunda asalna lain sebutan pikeun urang Sunda kiwari, tapi sebutan keur pulo-pulo nu pikabetaheun jeung subur tepi hasil tatanénna mucekil," ceuk Ahmad Mansyur.
Pangna bangsa Arab ngagolongkeun Nusantara tempat pangbalikeun nu beunghar ku hasil tatanén lantaran mémang tempatna héjo lembok, cai cur-cor, subur, gunung-gunung nu rembet kakayon parentul. Pikagenaheun pisan dipaké tempat pangbalikan téh. "Kaayaan ieu jauh pisan jeung di Arab," ceuk Ahmad Mansyur.

Tempat séjénna nu kapangaruhan ku Arab, di antarana ngaran Danau Toba (Sumatera) jeung ngaran Maluku. Toba robahan tina kecap Toyiba nu hartina tempat nu éndah. Maluku tina kecap al muluk, hartina tempat nu dicicingan ku pirang-pirang raja. "Jayakarta nu ayeuna jadi Jakarta oge dicokot tina surat Al- fath, ayat kaunggulan," ceuk Ahmad Mansur.

Banten, sambung ieu sajarawan nu neuleuman kaislaman téh asalna mah tina kecap Babanten, basa Jawa Kuno, nu hartina syuhada, gugur dina pangperangan keur ngabela agama jeung lemah cai. "Ngaran Jawa nu ayeuna dipaké ngaran seler bangsa Jawa tina kecap Jawi nu hartina leuwih luhur, " pokna. Pangna disebut Jawa lantaran ieu pulo leuwih luhur batan pulo Sumatra.

Sanggeus pangaruh Islam kendor jeung bangsa Éropa nguniang, ceuk Ahmad Mansyur, ngaran-ngaran di urang dirobah. "Contona, Samudra Persia dirobah jadi Samudra Hindia, Jayakarta dirobah jadi Batavia. Bangsa kolonial sakapeung sangeunahna méré ngaran téh, malah mah siga nu ngahina," pokna.

Dicontokeun ngaran Papua, éta téh ngaran nu ngahina ka bangsa nu nyicingan di Pulo Irian. "Papua tina basa Latin, hartina jelema nu goreng rupa, hideung, jeung buukna galing," ceuk Ahmad Mansyur. Urang Papuana sorangan, sambungna, nyebut Irian nu ku Pa Soekarno dijadikeun saolah-olah singketan tina Ikut Republik Indonesia Anti Nederland.

Nu matak, waktu Gus Dur (masih kénéh jadi présidén) netepkeun ngaran Irian diganti deui ku Papua kalayan tujuan keur mépéndé urang Irian sangkan teu hayang misahkeun, Ahmad Mansyur mah teu satujueun. "Jelas ngaran Papua téh ngahina, paméré Belanda, naha dipaké deui?" pokna.

Ngarobah ngaran tempat atawa wewengkon oge dipilampah ku bangsa urang sanggeus merdeka. "Upamana wae Sunda Besar jeung Sunda Kecil diganti ku Indonesia Barat jeung Indonesia Timur," ceuk Ahmad Mansyur. Pangna diganti keur leuwih ngabeungkeut bangsa Indonesia, lantaran Sunda geus dipaké ngaran sélér bangsa.(NS Priatna - kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya