Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Seni

Réog Ponorogo Diciptakeun ku Urang Pajajaran

Senin, 14 Januari 2013

Perang Bubat ngalantarankeun di Jawa Timur lahir kesenian réog nu kasohor ku ngaran Réog Ponorogo. Anu nyiptakeunana urang Sunda ti Padjadjaran.

 

ANGGOTA rombongan  Prabu Linggabuana nu miang Trowulan Majapahit lain ukur urang Kawali, tapi ogé dijejeran ku saurang tohaan (pangéran) ti Pakuan Padjadjaran. Ngaranna Arya Panaraga. Ngahaja milu ngajejeran Prabu Linggabuana jeung,  minangka wawakil ti Pakuan Padjadjaran,  rék nyaksian jatukramina (kawinna) Hayam Wuruk jeung Dyah Pitaloka.

Dina sumber-sumber sajarah di Kawali, ngaran Arya Panaraga nu milu ka Trowulan teu kasabit-sabit. Kitu deui dina Pararaton, naskah kuna sumber utama keur ngungkab sejarah Jawa nu di antarana nyaritakeun Perang Bubat. Kidung Sunda jeung Kidung Sundayana nu naskahna kapanggih di Bali ogé teu nyebut ngaran Arya Panaraga.

Sumber ti Padjadjaran mah aya nu nyebutkeun miluna Arya Panaraga jeung rombongan Prabu Linggabuana. Ngahaja diutus ku urang Pakuan Padjadjaran. Masing kumaha ogé antara Pakuan Padjadjaran jeung Kawali téh aya hubungan kukulawargaan, sakocoran. Di dituna mah urang Pakuan Padjadjaran téh milu bungah ka Linggabuana rék boga minantu.

Dina Pararaton, Kidung Sunda, jeung dina Kidung Sundayana dicaritakeun rombongan Prabu Linggabuana kabéh ogé palastra, tiwas diraponan ku ratusan prajurit Karajaan Daha. “Rombongan ti Kawali jumlahna 93 urang, sadayana ogé tilar, gugur mertahankeun kahormatan Sunda,” ceuk Daday Héndarman Praja, budayawan Kawali.

Naha geuning nu ngagunasika rombongan Prabu Linggabuana téh prajurit Daha lain prajurit Majapahit? Dina lebah dieu aya konspirasi antara Karajaan Daha jeung bapana Hayam Wuruk sangkan kawinna Dyah Pitaloka jeung Hayam Wuruk teu jadi. Indudéwi, anak raja Daha, méméhna geus dijodokeun ka Hayam Wuruk. Ieu nu ngalantarankeun Perang Bubat téh.

Anggota rombongan Prabu Linggabuana saenyana mah teu kabéh tilar di Lapang Bubat. Aya saurang nu salamet: Arya Panaraga; mampu ngaloloskeun diri tina kepungan prajurit Daha sanggeus saméméhna bébéakeun ngayonan prajurit Daha. Sangkan teu kanyahoan ku urang Majapahit, Arya Panaraga nyamur, pakéanana niru urang Jawa jaman harita.

Budayawan Bogor, Dasép Arifin nyebutkeun Arya Panaraga henteu terus mulang ka Pakuan Padjadjaran, tapi ngalalana di wewengkon Jawa Timur, malah terus dumuk di daérah Ponorogo ayeuna. Di ditu Arya Panaraga jadi tokoh nu diajénan jeung dihormat alatan élmu jeung kasaktian nu dipibandana. Harita urang ditu taya nu nyahoeun Arya Panaraga asalna ti Sunda.

Di pangumbaranana Arya Panaraga nyiptakeun kasenian réog nu kiwari dingaranan Réog Ponorogo  -ponorogo asalna tina kecap panaraga, a robah jadi o sanggeus aya pangaruh ti Islam. Pangna kasenianana dingaranan Réog Panaraga atawa ayeuna Réog Ponorogo  nyokot tina ngaran nu nyiptakeunana: Arya Panaraga. (NS Priatna/kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya