Réog Ponorogo: Maung jeung Waditra Sunda
“CIRI Réog Ponorogo diciptakeun ku urang Sunda, ku Arya Panaraga, bisa diilikan tina properti kasenianana: sirah maung lodaya, belang coréléng konéng,” ceuk Dasép Arifin. Anu deukeut jeung kapercayaan kana maung ngan ukur urang Sunda. Éta waé lambang Kodam Siliwangi aya gambaran maung, kitu deui Angkatan Muda Siliwangi (AMS).
Tepi ka ayeuna patung-patung maung kawilang loba di Jawa Barat mah. Tapel wates Propinsi Jawa Barat jeung Jawa Tengah, beulah kalér di Brebes jeung beulah kidul di Dayeuhluhur, meunang nyieun urang Jawa Barat mah dieuyeuban ku patung maung, maung lodaya, marengan patung prajurit Kodam Siliwangi nu ngélébétkeun panji Siliwangi.

Tapel wates meunang nyieun urang Jawa Tengah mah patung kuda bodas nu ditumpakan ku Pangéran Diponegoro. Di Jawa, di Jawa Tengah jeung di Jawa Timur tara kapanggih gambar atawa patung maung. Ngan lamun di wewengkon Jawa, aya imah nu ditapelan ku gambar maung bisa diduga nu nyicinganana urang Sunda atawa turunan Sunda.
Lian ti dina Réog Ponorogo aya visualisasi maung lodaya, geus ti baheula pisan waditra nu mirig Réog Ponorogo dilengkepan ku angklung. “Angklung téh waditra kesenian has Sunda,” ceuk Dasép Arifin. Jaman baheula kahirupan urang Sunda mémang teu bisa dipisahkeun jeung awi. Imah, parabot rumah tangga dijieunna tina awi. Kitu deui kasenianana.
Di wewengkon séjén, kaasup di Jawa, di Jawa Tengah jeung Jawa Timur mah teu kapanggih laratanana awi dipaké keur nyieun waditra kasenian. Teu kawas di Sunda, kasenian angklung buhun masih kénéh hirup, upamana di Kanékés (Baduy) jeung di Ciptagelar. Saha nu mimitina ngawanohkeun angklung keur mirig Réog Ponorogo ari lain Arya Panaraga mah. (NS Priatna - kisuta.com)***


