Astronomi jeung Tradisi Palintangan Sunda
ELMU ngeunaan alam samesta atawa astronomi teh minangka elmu pangaweruh nu kawilang pangheubeulna dina peradaban manusa. Ti saprak rebuan taun kalarung, manusa geus nitenan meletekna katut surupna panonpoe, oge nitenan kaendahan jutaan bentang di langit. Pikeun nangtukeun mangsa tatanen, manusa ge merlukeun kalender. Minangka cecekelan navigasi sabot kapal balayar, astronomi boga peran kalintang pentingna. Luyu jeung kamekaran peradaban manusa nu meh teu bisa leupas tina rupa-rupa fenomena alam, mangka dunya astronomi ge mekar.

Manusa mangsa purba di sakuliah dunya, saperti di India, Cina, jeung Mesopotamia, oge geus nitenan kaayaan bentang ti beh ditu mula. Kalawan tradisional, astronomi atawa palintangan, oge digunakeun pikeun kapentingan kaagamaan, lagu nangtukeun waktu, ngayakeun tradisi ritual, mangsa tatanen, sarta upacara adat, tur jadi awal kamekaran astronomi nonoptik di Nusantara. Ngadumanisna pangaweruh astronomi nonoptik jeung astronomi moderen, lumangsung di satengahing tarekah mulasara katut ngamekarkeunana dina tradisi kahirupan tug tepi kiwari.
Tah, astronomi nu mekar luyu jeung tuwuhna peradaban manusa teh, oge ngawarnaan kosmologi alam pikiran budaya masarakat. Di Tatar Sunda, rupa-rupa kakawihan, kaulinan barudak, paribasa, carita, legenda, katut mitos, teu saeutik nu nyoko tina dunya astronomi, kalawan rea ngagunakeun istilah banda-banda langit. Lian ti eta, geus ti beh ditu mula, masarakat Sunda miwanoh dunya palintangan, saperti ayana pranata mangsa geusan nangtukeun itungan waktu tatanen.
Kalawan tradisional, minangka saka guru kakuatan lingkunganana, masarakat Sunda miboga tilu prinsip dasar, nyaeta ngadumanisna alami, hayati, jeung insani. Eta prinsip hubungan teh kaungkab dina sakabeh tahap kahirupan luyu jeung tingkat tur skala hubungan sosialna. Patalina eta prinsip mucunghulkeun ayana kasaimbangan harmoni mikrokosmos jeung makrokosmos nu teu weleh ngajiwaan hubungan manusa jeung Nu Kawasa, hubungan papada manusa, katut manusa jeung lingkungan alam.
Memeh aya arloji, urang Sunda ngagunakeun ciri-ciri waktu atawa wanci pikeun nangtukeun waktu dina jero sapoe sapeuting. Ngaran-ngaran waktuna teh ilaharna dumasar kana fenomena alam nu kaalaman ku diri jeung lingkungan alam sabudeureunana. Eta hal nembongkeun, yen urang Sunda mah geus dalit jeung kaayaan lingkungan sabudeureunana. Ti mimiti awal tepi ka genti poe, dipiwanoh ngaran wanci nu kabagi kana 24 waktu.
Sababaraha conto panangtuan wanci teh di antarana, wanci tengah peuting nu nunjukkeun tabuh 24.00, wanci janari gede (tabuh 02.00), wanci haliwawar (tabuh 03.00), wanci balebat (tabuh 05.00), wanci pecat sawed (tabuh 10.00). Maju ka beurang jeung sore, aya istilah wanci manceran (tabuh 12.00), wanci lingsir ngulon (tabuh 14.00), wanci sariak layung (tabuh 17.00-18.00), wanci harieum beungeut/sareupna (tabuh 18.00-18.30), sarta wanci sareureuh budak (tabuh 21.00).
Dina ngaran usum nu patali jeung kaayaan alam, dipiwanoh sesebutan usum ngijih minangka tanda waktu usum hujan. Tuluy aya usum katiga nu boga harti usum halodo, sarta usum barat nu ma’nana teh angin tarik nu datangna ti kulon, dibarung ku hujan. Tumali jeung kaayaan di masarakat, oge nelah usum sasalad, waktu sumebarna rupa-rupa kasakit nu bisa nepa. Kitu deuih, aya usum tigerat jeung usum nguyang, nu hartina meh sarua jeung usum paceklik, kakurangan kadaharan atawa gagal panen.
Dalitna palintangan jeung tradisi agraris masarakat Sunda, oge jadi cecekelan lagu panangtuan waktu saniskara usum dina jero sataun. Pranata mangsa nu dalit jeung patani teh diwengku 12 mangsa, nyaeta Kasa (kahiji, 21 Juni-31 Juli), Karo (kadua, 1-23 Agustus), Katiga (katilu, 24 Agustus-16 September), Kapat (kaopat, 17 September-11 Oktober), Kalima (12 Oktober-7 November), Kenem (kagenep, 8 November-20 Desember), Kapitu (katujuh, 21 Desember-1 Februari), Kawalu (kadalapan, 2-28 Februari), Kasongo (kasalapan, 1-25 Maret), Kasadasa (kasapuluh, 26 Maret-17 April), Desta (kasawelas, 18 April-10 Mei), katut Sada (kaduawelas, 11-21 Juni).
Sakur eta pranata mangsa miboga ciri mandiri nu ngawengku arah angin, kaayaan suhu udara, kaayaan lingkungan, proses mangsa tatanen, jenis tutuwuhan-palawija nu tuwuh, kaayaan sumber cai, gangguan hama, katut gambaran kahirupan sato, boh ingon-ingon boh sato nu lain ingon-ingon. Dina nangtukeun waktu nu diwujudkeun dina almanak, kalintang gede jasana budayawan almarhum Ali Sastramidjaja (Abah Ali), nu geus ngawanohkeun kalender Sunda, nu katelah Kala Sunda.
Abah Ali ngagabungkeun saptawara (Radite, Soma, Anggara, Buda, Respati, Sukra, Tumpek) jeung pancawara (Manis, Pahing, Pon, Wage, Kaliwon) nu disebut Pancawuku atawa Selapan, kalawan ngahasilkeun 7 x 5 poe = 35 poe. Tina eta angka 35, Kala Sunda disusun, tur jadi kalender nu paling akurat. Ngaran-ngaran bulan dina Kala Candra Sunda nyaeta Kartika, Margasira, Posya, Maga, Palguna, Setra, Wesaka, Yesta, Asada, Srawana, Badra, jeung Asuji. Sedengkeun bulan dina Kala Surya Sunda aya Kasa, Karo, Katiga, Kapat, Kalima, Kanem, Kapitu, Kawalu, Kasanga, Kadasa, Hapitlemah, katut Hapitkayu. Kaunggulan kalender Sunda, boh Kala Surya boh Kala Candra, nyaeta dina sual pas akuratna, nu moal salah atawa dikoreksi salila 17.245 taun pikeun Kala Surya jeung 17.664 taun pikeun Kala Candra.
Dalitna masarakat Sunda jeung palintangan ge katembong dina rupa-rupa paribasa, carita, sarta kaulinan barudak. Upamana wae, aya idiom caang bulan dadamaran nu boga harti ngalakonan hal nu geus teu deui perlu, caang bulan opat welas jalan gede sasapuan (ihlas), keur bentang surem (apes), kawas langit jeung bumi (pabeda jauh), sarta samagaha pikir (bingung). Di kalangan barudak, aya carita Nini Anteh di Bulan, lagu Bulantok, sarta tanda bentang jeung bulan dina kaulinan sonlah.
Pon kitu deui, dina du’a peperenian aya istilah nu di langit, kucurkeun; nu di bumi, burialkeun. Dina widang sejen, dipiwanoh sesebutan indung beurang (paraji), sarta lalangit (palapon). Ceuk Guru Besar Astronomi Institut Teknologi Bandung (ITB) nu teureuh Tasikmalaya, Prof. Suhardja D. Wiramihardja, tradisi palintangan nu tuwuh dina kosmologi budaya Sunda, nembongkeun yen manusa teh kalintang dalitna jeung kaayaan lingkungan alam, kaasup jeung astronomi. Tradisi Sunda nu geus miwanoh palintangan ti beh ditu keneh, tetela eta teh minangka potensi budaya nu ngeuyeuban jagat elmu pangaweruh.
Eta kasadaran kosmologi tumuwuh luyu jeung ayana pamahaman palasapah tina euweuh jadi aya, katut tina aya jadi euweuh. Konsep kalahiran, kahirupan, jeung maot, nu oge dialaman ku sakumna banda langit, saeutik gedena mangaruhan alam pikiran jeung jiwa-batin manusa, kaasup masarakat Sunda. Fenomena palintangan jadi inspirasi jeung cecekelan geusan ngalakonan hirup katut nanjeurkeun eksistensi minangka mahluk hirup nu dalit jeung lingkungan alam. Kaarifan budaya Sunda dina nitenan alam samesta saperti gerakna panonpoe, bulan, neuleuman rasi bentang, sarta panangtuan pranata mangsa teh, mungguh gede mangpaatna tur geus ngawarnaan kamekaran dunya astronomi. ( Rameli Agam - kisuta.com)***


