Karajaan Lodaya dina Legénda Réog Ponorogo
DINA legénda, dongéng asal-usul Réog Ponorogo, aya ngaran Karajaan Lodaya. Ngaran rajana Singabarong, tokoh antagonis; tokoh jahat. Sirahna sirah maung, maung loréng. Ka rahayatna telenges, paménta jeung paréntahna kudu digugu, nu ngalawan dihukum pati. Ku sabab loba kutuan, Singabarong miara merak nu méh unggal waktu eunteup dina sirahna, sina macokan kutu.
Singabarong dicaritakeun bareng jeung raja Bandarangin, Kelana Swandana milu saémbara nu diayakeun ku Raja Kediri keur néangan pisalakieun anak awéwéna nu kaceluk geulis: Déwi Sanggalangit. Dumasar pamaredih anakna, saémbarana téh: sing saha nu bisa mawa kasenian nu matak mincut nu tacan aya saméméhna, bakal dijadikeun salakina.
Kasenian nu dipikahayang ku Déwi Sanggalangit téh kasenian hélaran, barisan kudu kembar lobana 140, jeung kudu dilengkepan ku sato nu huluna dua. Ku Kelana Swandana ieu sarat bisa dicumponan. Sato nu huluna dua, jelmaan Singabarong nu kasoran ku Kelana Swandana. Ku kasaktian Kelana Swandana, merak jadi napel dina sirah Singabarong.
Kelana Swandana bisa ngawin Déwi Sanggalangit sarta dibawa Bandarangin di Wengker nu ogé mindeng disebut Ponorogo. Ti harita cenah kesenian nu diciptakeun ku Kelana Swandana dingaranan Réog Ponorogo. Dina ieu legénda teu jentré naon sababna éta kesenian dingaranan réog jeung kumaha jujutanana pangna waditra nu mirigna dilengkepan ku angklung.

Aya nu nyebutkeun réog asalna tina kecap riyoqun, basa Arab nu hartina husnul hotimah: nu tadina kalakuanana jahat jadi jalma soléh. Jaman mimiti Islam nyebar di wewengkon Jawa Timur, kesenian ciptaan Kelana Swandana téh dipaké keur ngawanohkeun agama Islam. Éta sababna kasenianana dingaranan riyoqun nu terus dina ngucapkeunana robah jadi réog.
Keun soal éta. Nu ogé bisa dipaké cecekelan Réog Ponorogo aya patalina jeung Arya Panaraga dina sasakala ieu réog aya ngaran Karajaan Lodaya. Lodaya téh sebutan keur maung badag, mindeng dipatalikeun jeung maung tutunggangan Prabu Siliwangi. Ngaran Lodaya asa ningnang jeung ngaran karajaan di Jawa Timur mangsa harita.
Naha enya Réog Ponorogo diciptakeun ku Arya Panaraga, perlu ditalungtik kalayan gemet. Data atawa fakta saheulaanan geus nyampak: visualisasi maung, waditra angklung jeung ngaran karajaan, Lodaya. Data séjénna bisa dikotéktak tina widang séjén, upamana tina jihad antropologi (mantra), sejarah, jeung ritual dina kasenian Réog Ponorogo. (NS Priatna - kisuta.com)***


