Ormas Kasundaan
ORGANISASI masarakat (ormas) teh minangka salasahiji bentuk kaorganisasian masarakat sipil nu didasaran ku prinsip demokrasi, kamitraan, kaswadayaan, jeung partisipasi publik. Ormas boga fungsi pikeun ngawadahan tur ngamalirkeun kapadulian katut kasadaran sosial pulitik masarakat enggoning ngungkulan pasualan aktual nu patali jeung kapentingan publik. Kamekaran ormas minangka sarana gerakan masarakat sipil di Tatar Sunda, ngalaman dinamika luyu jeung kamajuan jaman.

Kalawan ditaratas ku kaom intelektual, ormas-ormas di Tatar Sunda satekah polah narekahan geusan mateakeun masarakat pikeun nyanghareupan rupa-rupa pasualan nu mingkin kompleks. Kapadulian jeung kasadaran nguatkeun masarakat sipil di Parahyangan, geus dilakonan ti jaman kolonial kalawan ngayakeun kagiatan dina rupa-rupa widang. Contona, Paguyuban Pasundan nu ngadeg 20 Juli 1913 jeung Sekar Roekoen nu ditaratas 26 Oktober 1919.
Sok sanajan harita eta ormas teh dipuseurkeunana di Batavia (Jakarta), tapi minangka sarana perjoangan, eta organisasi mibanda udagan ngamajukeun kabinangkitan kabudayaan urang Sunda. Kalawan dipokalan ku kaom ngora, lian ti mateakeun potensi seni budaya, kagiatan Paguyuban Pasundan jeung Sekar Roekoen harita teh mungguh nuwuhkeun kasadaran kabangsaan malar leupas tina penjajahan.
Sacara umum, lahir jeung mekarna ormas kasundaan di Jawa Barat teh saeutikna didasaran ku dua faktor. Kahiji, kabutuhan masarakat minangka mahluk sosial nu teu weleh silipakumaha. Kadua, kalintang pereluna kakuatan pikeun ngungkulan rupaning pasualan kahirupan katut tangtanganana. Minangka agregasi kapentingan keur sakur anggotana, ormas boga fungsi masilitasan kagiatan luyu jeung kapentingan anggota. Kitu deuih, ormas ge boga peran minangka sarana ngamalirkeun ekspresi jeung komunikasi sosial papada anggota, sarta antara ormas jeung nagara.
Tah, hubungan ideal antara nagara jeung ormas teh nyaeta relasi interdependensi nu konstruktif, sipatna fasilitatif tur sinergis, geusan ngarojong tata pamarentahan nu demokratis. Eta hal kalintang pereluna alatan ayana kasadaran yen nagara moal bisa ngalalakon sorangan dina ngawujudkeun tujuan-tujuan publik. Sabalikna, ormas bisa ngajalankeun fungsina kalawan ideal, mun tea mah nagara ngajamin nanjeurna hukum katut nangtayungan ka sakur warga nagara.
Sanajan di Jawa Barat teh teu saeutik ormas kasundaan nu ngawangun rupa-rupa model kamitraan jeung pamarentah, tapi tetep notog kana udagan nuwuhkeun kelompok masarakat minangka basis pikeun ngabentuk masarakat nu kuat. Posisi jeung sikep ormas ka pamarentah, ditangtukeun ku udagan katut model kamitraan nu dilarapkeun dina kagiatan ormas. Ayana ormas minangka kakuatan independen, dipiharep ngawujudkeun masarakat sipil nu enya-enya bisa mateakeun potensina.
Awal taun 1950-an tuwuh rupa-rupa gerakan masarakat di sakuliah daerah, kaasup di Tatar Sunda, minangka respon kana kawijakan pamarentah puseur. Harita ngadeg organisasi Pangauban Sunda (1950) di Bogor, nu satuluyna bareng jeung Daya Budaya Sunda, ngahiji jadi Daya Sunda. Ieu organisasi milu marajian lahirna Gerakan Pilihan Sunda dina raraga nyanghareupan Pemilu 1955 tur ngadegkeun Koperasi Daya Sunda nu boga tujuan ngaronjatkeun karaharjaan hirup masarakat. Di kalangan menak Priangan, R. Ema Bratakusuma, ngokojoan ngadegna dewan wargi-wargi, saperti Wargi Galuh, Wargi Sumedang, Wargi Cianjur, sarta Wargi Sukapura.
Rupa-rupa kaayaan sosial, pulitik, jeung budaya, oge jadi kasang tukang ngadegna ormas-ormas di Jawa Barat. Kaayaan sosial masarakat, kasadaran pikeun merjoangkeun kapentingan publik, sarta tarekah ngaronjatkeun karaharjaan, ngahudangkeun sumanget urang Sunda ngadegkeun rupa-rupa ormas. Lian ti Paguyuban Pasundan jeung Daya Sunda, ngadeg Nonoman Sunda, Putra Sunda, Front Pamuda Sunda, Daya Mahasiswa Sunda, Angkatan Muda Siliwangi, jeung nu lianna. Oge aya sababaraha organisasi nu ngagabung kana Badan Musyawarah Sunda.
Dina kamajuan jaman nu terus bagerak, kamekaran ormas sakitu dinamisna katut teu babari diprediksi. Faktor eksternal, kaayaan sosial-pulitik, sarta pola hubungan anyar nu mucunghul, saeutik gedena mangaruhan kana optimalisasi fungsi ormas. Eta dinamika teh oge ngawarnaan parobahan udagan, strategi, sarta profesionalitas ormas ti mangsa ka mangsa.
Kaayaan nu kondusif sarta ketak ormas, ti mimiti nu sipatna teknis tepi ka wacana rarancang ka arah parobahan kawijakan, dipiharep mampuh ngawujudkeun ajen kakuatan masarakat sipil minangka kakuatan nu bisa ngimbangan. Rupaning informasi ormas ngeunaan pasualan masarakat, upamana sual kamiskinan, ruksakna lingkungan, kurangna akses panglayan atikan jeung kasehatan, kasus hak asasi manusa di tingkat masarakat, jeung adumanisna pangaweruh nu dibarung kaarifan lokal, dipiharep mampuh muka mangpetna akses masarakat. Advokasi kalawan noron nu dilakonan ku ormas kasundaan, dipiharep baris muka rohang nu leuwih lega jeung nguatkeun soliditas urang Sunda dina ngagali potensi sosial budaya, sarta ngamangpaatkeunana pikeun karaharjaan masarakat.
Eta cita-cita jeung udagan ngawangun masarakat sipil nu nyoko kana kadaulatan bangsa teh jadi ketak utama ormas, kaasup ormas kasundaan. Tangtu wae urang teu miharep ormas nu ukur ngudag kapentingan pulitik saharitaeun. Ormas sajati dipiharep bisa jadi puseur ngamekarkeun sistim tur ngawangun sumber daya manusa.
Ormas kasundaan, boh dumasar asal daerah boh profesi, atawa kaagamaan, nu salila ieu geus boga ketak dina rupa-rupa widang, dipiharep tetep mertahankeun jati diri minangka bentuk independensi ngokolakeun sumber daya masarakat pikeun kapentingan bangsa. Ngamekarkeun ormas kudu dumasar kana ngamekarkeun potensi daerah, pasualan nu aya, sarta model kaorganisasian nu realistis jeung rasional, malar bisa maju ka tahap nu leuwih luhur. Di satengahing pasualan kamiskinan, kurangna pangaweruh, kurangna kamampuh ngokolakeun potensi sumber daya, sarta degradasi ajen-inajen budaya, ormas kasundaan dipiharep jadi pionir minangka basis kakuatan sosial jeung media mateakeun masarakat. (Rameli Agam - kisuta.com)***


