Paparan (Nu Urang?) Sunda
ZAMAN és, puluhan rébu taun ka tukang. Luhurna cai laut teu kawas ayeuna, zaman és mah kurang leuwih 150 méter sahandapeun beungeut cai laut ayeuna. Pulo-pulo Nusantara (Indonesia) bagian kulon masih kénéh ngahiji jeung benua Asia sarta dina peta géologi dunia disebut Paparan Sunda. Zaman és, Paparan Sunda téh daratan nu kacida pisan legana.

Harita, di Paparan Sunda gegek ku pamukiman manusa prasejarah. Hirup jadi patani jeung pamayang. Pilsuf Yunani, Plato nyebutkeun anu hirup di Paparan Sunda téh bangsa Lemuria anu ku Ir. Roza R. Mintaredja (Ketua Tim Kala Sunda) dikiratakeun robahan tina kecap lembur dia. Éta kecap remen kadénge di wewengkon Banten.
Ku lantaran bumi beuki panas, kira-kira 18.000 taun ka tukang, zaman és teh lekasan. És nu numpuk di kutub Bumi, cair sarta ngabalukarkeun banjir badag. Kabéh daratan nu handap nu aya di Bumi kakeueum ku banjir. Data géologi nunjukkeun banjir badag téh tilu kali rintakan, 14.000, 11.000, jeung 8,000 taun ka tukang.
Anu pangparnana keuna ku banjir nyaéta Paparan Sunda jeung basisir kidul Cina. Paparan Sunda jadi sababaraha pulo nu misah, di antarana Kalimantan, Jawa, Bali, jeung Sumatera. Kamarana nu nyicinganana? “Ngarungsi,” ceuk Stephen Oppenheimer, dina bukuna Eden in The East, The Drowned Continent of Southeast Asia (Phonix Book, 1999).
Ieu dokter ahli génétik nu neuleuman sejarah peradaban dunya nyebutkeun riwayat banjir badag jaman Nabi Nuh jeung dongéng ngeunaan Benua Atlantis nu leungit, taya lian ti rékaman budaya nu ngébréhkeun kajadian alam anu sakitu rongkahna. Legénda-legénda nu sarupa tepi ka ayeuna kapanggih di Asia jeung Pasifik.
Urang Paparan Sunda, ceuk Stephen Oppenheimer, ngarungsina ka beulah Kulon, ka India jeung ka Mésopotamia, ka wétanna ka kapuloan Pasifik, ka kulonna ka Cina jeung Jepang. Malah aya nu ka Amérika sagala ngaliwatan Selat Bering. “Di tempat pangungsianana, urang Paparan Sunda ngawanohkeun kabudayaanana,” tulis Stephen Oppenheimer.
Ku kituna kalayan tandes Stephen Oppenheimer nyebutkeun wewengkon Asia Tenggara, lebah dieu Paparan Sunda, tempat lahirna peradaban manusa di dunya. Mucunghulna peradaban di Mesopotamia, Lembah Sungai Indus, jeung di Cina, alatan datangna urang Paparan Sunda nu ngarungsi waktu tempatna keuna ku banjir badag.
Kabudayaan atawa peradaban kuna di dunya, ceuk Stephen Oppenheimer, lain di Mesopotamia, Lembah Sungai Indus jeung Cina, tapi di Paparan Sunda. Urang Paparan Sunda zaman és kabudayaan jeung peradabanana geus luhur, ngan alatan banjir ngarungsi sarta ngawanokeun peradabanana di tempat anyar
Dina legénda (carita rayat) Babilonia, didongéngkeun ngeunaan datangna tujuh urang nu luhung elmuna ti laut (ti Wétan). Nu tujuh urang téh terus ngawanohkeun kaparigelanana jeung pangaweruhna. Legénda nu sarupa kapanggih di Hindukush (pusat peradaban India Kuno) jeung dina Buku Kematian Mesir Kuno.
Tokoh legenda (uthnapishtim) jeung daptar raja-raja bangsa Sumeria, bangsa nu kacatet nyieun titincakan peradaban Mésopotomia, nu salamet tina banjir jaman Nabi Nuh, ceuk Stephen Oppenheimer, gambaran (personafikasi) urang Asia Tenggara. “Dongéng nu sarupa jeung di Babilonia kapanggih di Nusantara jeung di Pasifik,” pokna.
Eta tina legénda, tina jihad élmu pangawéruh, Stephen Oppenheimer ngasongkeun pamanggih ti Johanna Nichols, ahli linguistik, nu nyebutkeun Asia Tenggara téh “bibit buitna” bahasa-bahasa dunia sanggeus lekasanana zaman és. Atuh patung-patung wanoja nu kapanggih di Mésopotomia bentukna oriéntalis, nunjukkeun ciri-ciri wanoja Asia Tenggara.
Urang Paparan Sunda waktu kajadian banjir badag, ceuk Stephen Oppenheimer, teu kabéh ngungsi, aya nu tetep cicing di Paparan Sunda, pindah ka tempat-tempat nu luhur lantaran padumukunana robah jadi laut. “Urang asli di Semenanjung Malaya ayeuna, katurunan urang Paparan Sunda,” pokna.
Dina bukuna, Stephen Oppenheimer, henteu nuduhkeun bangsa sejenna nu kaasup turunan urang Paparan Sunda zaman és. Komo mun nyebutkeun naha ari urang Sunda ayeuna luluhurna urang Paparan Sunda atawa lain.
Paraahli arkéologi mandang buku Stephen Oppenheimer téh tacan bisa ditarima mugguhing elmu pangaweruh mah. Data-data keur nguatkeun pamanggihna masih kénéh diadurenyomkeun. “Najan kitu, ku sabab elmu pangaweruh mah asalna ogé tina apriori (sangkaan), pamanggih Oppenheimer teu bisa disieuhkeun kitu waé, malah kudu ditalungtik deui,” ceuk Djéni, ketua hiji yayasan di Ciamis.
Mun bisa mah, Djéni nyambung caritaanana, hasil panalungtikanana téh kudu bisa nyindekkeun urang Sunda ayeuna turunan urang Paparan Sunda atawa lain. “Ngarah jéntré, naha urang Sunda ukur aku-aku angga duméh cicing di tempat urut Paparan Sunda padahal lain turunan urang Paparan Sunda, atawa mémang luluhurna urang Paparan Sunda, ” pokna. (Nanang Supriatna – kisuta.com)***


