Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Nyungsi Bihari

Hayam Wuruk Perlaya di Majalaya?

Jumat, 18 Januari 2013

KARAJAAN Majapahit diadegkeun ku Radén Wijaya taun 1294. Radén Wijaya nu boga jujuluk Kertarajasa Ja­yawardana ngadeg narpati di Majapait ti taun 1273 tepi ka 1309. Diteruskeun ku  Jayanegara (1309-1328), Tribhu­wana­tunggaldewi  (1328-1350), Hayam Wuruk (1350-1389), Wikra­mawardana (1389-1429) jeung Kerta­bhumi (1429-1478).

Mpu Prapanca dina bukuna Negara Kertagama ngadongéngkeun puncak ka­jayaan jeung kamashuran Majapait téh  jaman Hayam Wuruk kalayan patihna Gajah Mada nu kamashur ku Sumpah (Amukti) Palapa. Gajah Mada, ceuk Mpu Prapanca, naluk-nalukeun karajaan di Nusantara jeung wewengkon Asia Tenggara ayeuna.

Sanggeus Gajah Mada palastra (1364) sarta sababaraha taun ti harita Hayam Wuruk ogé ninggalkeun alam pawenangan (1389), karajaan Majapait muguran. Di antarana waé dilantarankeun ku Perang Paregreg (1401-1406) -- perang sadulur marebutkeun kaka­wasaan,  diserbu ku pasukan Kediri taun 1478, jeung agama Islam beuki sumebar.

Dina Kidung Sundayana jeung dina Kidung Sunda mah palastrana Gajah Mada jeung Hayam Wuruk téh alatan Perang Bubat. Hayam Wuruk kaleleban ku Dyah Pitaloka, ari Gajah Mada pedah padanyarékan jeung saterusna ngarasa salah. Ceuk sakaol Gajah Mada téh indit teuing ka mana sarta euweuh béjana.

Aya nu nyebutkeun Hayam Wuruk maotna  di wewengkon Majalaya Ka­bupatén Bandung ayeuna. Pangna tepi ka dinya Hayam Wuruk téh rék nepungan Raja Sunda rék ménta dihampura, ngan kaburu palastra. Majalaya teh robahan tina kecap (Raja) Majapait perlaya. Perlayana Hayam Wuruk di Majalaya, cenah, disumputkeun dina Pantun Mundinglaya Dikusumah. (NS Priyatna – kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya